BIANTARA [PIDATO] SUNDA


PIDATO BASA SUNDA

Alhamdulillah nahmaduhu wa nasta’inuhu wa nastaghfiru, wa na’udzubillahi min syururi anfusina wa min sayyiati a’malina, man yahdi lahu falaa mudillalah, wa man yudlilhu falaa hadiyallah

Wa asyahadu anla ilaha illallah wahdahu laa syarikala wa anna Muhammadan ‘abduhu wa Rosulu alladzi laa Nabiyya wa Rosulahu ‘amma ba’du

Nitih wanci nu mustari, ninggang mangsa nu sampurna. Kalayan nyebat Asmana Allah anu Maha Welas tur Maha Asih. Ari sagala puji kagungan Allah, Pangeran anu ngurus sadaya alam.

Pantes tur payus urang kedalkeun rasa sukur ka Allah Swt., saparantosna urang dipaparin mangpirang-pirang kanikmatan, sahingga urang masih tiasa ngalakonan kahirupan tug dugi dinten ayeuna.

Alatan takdir mantenna, urang tiasa paamprok jonghok patepang wajah, dina raraga ngolah daya nganggit pangarti, ngaguar pangaweruh,

Girang pangajén hormateun sim kuring. Ogé ikhwatu iman sadayana, anu ku sim kuring dipikareueus.

Sateuacanna sim kuring neda widi kanggé ngadugikeun biantara dina ieu kasempetan, dina harti lain kuring asa pangbisana, asa pangbenerna, tapi ieu mah dina raraga silih mikanyaah kana élmu pangaweruh.

Ikhwatu iman hormateun sim kuring.

Dina acara PERSADA VIII ieu, aya tema umum anu jadi gurat badag dina nangtukeun tujuan lumangsungna ieu acara, lumaku pikeun sakabéh catang pasanggiri ilmiah. Témana téh nyaéta “Pemuda Persis sebagai Pemimpin rujukan Ummat”. Lamun diilikan, ditilik tina kamandang basa sunda, bisa dihartikeun yén Pemuda Persis sabagéi Pamingpin Pieunteungeun Ummat.  

Tina téma badag éta, tangtu loba pikiran ngeunaan konteksna. Naon maksud sarta kumaha gambaran ngeunaan Pemuda Persis anu jadi pieunteungeun ummat téh. Lain hiji perkara anu gampang diguar, oge lain perkawa anu énteng nepikeunnana.

Ku sabab kitu, sim kuring boga kamandang ngeunaan perkara éta, anu girangna tina ungkara-ungkara anu hirup dina basa Sunda. Tangtu, kaluhungan basa Sunda, bisa ku urang saréréa dijadikeun daging nalika arurang ngadonan pangaweruh anu aya dina diri urang, ngarah leuwih lega turta seukeut dina nyinghareupan hiji perkara.

Ikhwatu iman hormateun sim kuring.

Saméméhna urang kudu nangtukeun heula dasar pikir urang, sangkan luyu dina ngaguar pamingpin pieunteungeun ummat tina kamandang babasan Sunda. Yén babasan anu dianggit, lain babasan anu miboga cupat kamusyrikan, tapi babasan anu wedel ku élmu kahirupan, anu mana urang kudu soson-soson kalawan daria dina neuleumanna sarta ngalenyepannana.

Ku kituna urang guar, kumaha ngaluyukeun perkara ngeunaan pamingpin pieunteungeun ummat, tina tilikan basa Sunda. Nyaéta pamingpin anu miboga karakter “teu lali kana purwadaksi, hadé gogog hadé tagogna, hadé tata hadé basana”.

Ikhwatu iman hormateun sim kuring.

Naon anu dimaksud pamingpin anu “teu lali kana purwadaksi”? nyaéta pamingpin anu nyaho kana asal, kana cupat, jeung mikanyaho kana sagala rupa anu aya dina dirina. Lamun ceuk paribasana mah, anu nyaho kana wiwitan sarta nyaho kana wekasan. Matak aya tilu catang perkara tina babasan purwadaksi. Kahiji, ti mana urang asal? Kadua, keur naon urang hirup? Katilu, rek ka mana urang balik?

Lamun nyontokeun ka Pemuda Persis, dina ngajawab soal kahiji, tangtu Pemuda Persis kudu paham kana ayat ngeunaan kumaha allah nyiptakeun manusa, salah sahiji ayatna nyaéta dina surat Al-Insan ayat kadua.

Anu kadua, keur naon urang hirup di dunya?, matak urang kudu daria dina neuleuman surat Adz-dzariyat ayat ka 56. “teu sapati-pati Allah nyiptakeun manusa kajaba pikeun ibadah Ka Anjeunna”. Matak lain perkara nu énténg, nalika ngalenyepan hal ihwal jodo pati, bagja, sarta cilaka. Jalaran, dina bahasan anu kadua teu leupas tina perkara-perkara éta.

Anu katilu, rék ka mana urang balik? Pohara ayat sarta hadits ngeunaaan ayana sawarga jeung naraka, sarta ngeunaan ayana poé panungtung.

Ikhwatu iman hormateun sim kuring.

Pikeun nyinghareupan tilu perkara éta, kumaha atuh urang ngarah murwadaksi? Taya lian iwal ti nyurup kana pituduh hirup urang, nyaéta Al-Qur’an jeung As-Sunnah. Ku pahamna kana perkara éta, pamingpin bisa ngeusi pélor pikeun ngalakonan proses ngawangun karater sangkan bisa jadi pieunteungeun ummat.

Ikhwatu iman hormateun sim kuring.

Anu kahiji tadi dibéjér béaskeun ngeunaan “teu lali kana purwadaksi”. Atuh anu kaduana nyaét ngeunaan babasan kumaha sangkan pamimpin pieunteungeun ummat téh bisa miboga sarta ngalarapkeun sikep sarta sima anu aya dina dirina sangkan bisa ditarima ku ummat.

Ku kituna pamingpin pieunteungeun ummat ku “hade gogog hade tagog”, nyaéta pamingpin anu mibanda sikep anu tegep, pantes, ogé mibanda sikep anu hadé. Ieu mah pakuat-pakait jeung akhlak si pamingpin éta sorangan. Jalaran ummat, saacan narima naon anu ditepikeun, pasti nganiléi hiji jalma tina tata-titina sarta sikep anu nyampak tina dirina. Bisana hiji jalma ditarima, mangka kudu mantes uswah hasanahna.

Ikhwatu iman hormateun sim kuring.

Anu katilu, sanggeus paham kana purwadaksi ogé hade gogog tagogna, mangka pamingpin anu bakal jadi pieunteungeun ummat kudu “hadé tata hadé basana”.

Dina ngeudalkeun kamampuhan mingpin, ogé dina nepikeun élmu, mangka kudu hadé dina tata-titina. Mun dina tingkah paripolah, mangka kudu luyu jeung tatakrama, kitu ogé dina basa, sing mantes undak usuk basana. Ngarti kumaha cara nyinghareupan ka sapantaran, ka saluhureun, ogé ka sahandapeun.

Dina palebah hadé basa, mangka saur kudu diukur, basa kudu direka sarta ménta hampura nalika kedal luhur saur bahé carékna.

Ikhwatu iman hormateun sim kuring.

Inti tina babasan-babasan éta, dipiharep Pemuda Persis sabagéi pieunteungeun ummat bisa ngawangun karakter pamingpin anu masagi. Lain sakur ngajeroan élmu agama, tapi diwedelan ku élmu kahirupan. Manéhna bisa ngedalkeun sagala rupana kalayan élmu, bisa jadi uswah hasanah kalayan tegep, ogé bisa nepikeun dakwahna kalayan rongkah.

Ikhwatu iman hormateun sim kuring.

Sakitu anu tiasa diguar, didugikeun ku sim kuring. Muga-muga anu ku sim kuring bisa nyéboran tumuwuhna élmu pangaweruh urang sadayana.

Haturnuhun ka dulur-dulur sim kuring anu parantos ngarojong dina satiap léngkah sim kuring. Neda agung cukup lumur, neda panghampurana, boh tina basa-basina, tina tata titina, tindak tandukna, bilih kirang mernah.

Saacan dipungkas, aya sisindiran ti sim kuring

Pudunan mah sok aringgis

Anu rongkah numpak kuda

Parommana pemuda persis

Anu rongkah kos persada

Hapunten bilih aya tutur saur nu teu kaukur, réka basa anu pasalia. Bobo sapanon carang sapakan, mugia dima’lum.

Tong lali kana purwadaksi, sing hadé gogog hadé tagog, sing hadé tata hadé basa.

Robbana atina fi dunya hasanah wa fil akhiroti hasanah wakina adzaban naar. Ana muslim qobla kulli syaiin, assalamu’alaikum wa rohmatulloh wa barokatuh.


Kontributor: Najmy Adilla Syafruddin, S.Hum (Sekretaris PC Pemuda Persis Pangalengan).

Post a Comment

Terima kasih telah berkomentar, kritik dan saran yang membangun sangatlah diharapkan

Lebih baru Lebih lama