MAPAG ROMADLON [MENYAMBUT RAMADHAN]


Neuteup kana Opat Tujuan Shaum

Sababaraha dinten deui umat Islam baris tepang sareng syahrush-shiyâm, syahrun unzila fîhil-Qurân (Qs. Al-Baqoroh ayat 185).

 

Langkung ti Opat welas abad kapengker syahru Romadlôna unzila fîhil-Qurân parantos kajantenan, dina taun eta kalih taun-taun salajengna Rosululloh Saw kalintang ngamumulena kana sasih Romadlon ku mangrupi-rupi ibadah kalih mu’amalah akhlaqul karimah kayaning shaum, sahur, buka shaum, tadarus al-Quran, qiyamu Romadlon, ngaronjatkeun infaq shodaqoh, zakaf fithri, kalih amal sholeh anu liana.

 

Harepan anu ageung ahli shaum baris ngaronjat kataqwaana, sakumaha dawuhan Alloh Ta’ala dina Qs. al-Baqoroh [2]: 183.

 

Lian ti ngaronjatkeun kataqwaan (Qs. Al-Baqoroh: 183 kalih 187), shaum kalih ibadah Romadlon anu sanesna baris ngabina kaelmuan (Qs. Al-Baqoroh: 184), syukur (Qs. Al-Baqoroh: 185), kalih Rusyd (Qs. Al-Baqoroh: 186).

 

Du’a Mapag Romadlon

Dima’naan taki-taki tur ati-ati oge taliti tina mangrupi-rupi hahalang diri anu baris nampi mangpirang-pirang kamulyaan ti Ilahi Robbi, nyaeta kataqwaan (Qs. Al-Baqoroh: 183 kalih 187), kaelmuan (Qs. Al-Baqoroh: 184), syukur (Qs. Al-Baqoroh: 185), kalih Rusyd (Qs. Al-Baqoroh: 186).

 

Kapungkur, urang sadaya kantos ngamalkeun du’a mapag Romadlon, anu unina:


اَللَّهُمَّ سَلِّمْنـِيْ لِرَمَضَانَ وَسَلِّمْ رَمَضَانَ لِـيْ وَسَلِّمْهُ مِنِيْ مُتَقَبَّلاً.

Ya Allah, salametkeun abdi pikeun Romadlon sarta salametkeun Romadlon pikeun abdi, oge pamugi ditampi eta Romadlon pikeun abdi (salaku amal) anu ditampi.

 

Para ulama Dewan Hisbah Persatuan Islam dina bukuna, “Masalah Seputar Ramadhan & Idul-Fitri” citakan ka-1 (Sya’ban 1443 H/ Maret 2022) kaca 14; rehna du’a di luhur henteu kapendak asal muasalna. Anapon ungkaban anu aya maroji’na mah nyaeta:


عَنْ عُبَادَةَ بْنِ الصَّامِتِ رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُ ، قَالَ : كَانَ رَسُولُ اللهِ صلى الله عليه وسلم يُعَلِّمُنَا هَؤُلاءِ الْكَلِمَاتِ إِذَا جَاءَ رَمَضَانُ يَقُولُ اللَّهُمَّ سَلِّمْنِي لِرَمَضَانَ وَسَلِّمْ رَمَضَانَ لِي وَتَسَلَّمْهُ مِنِّي مُتَقَبَّلا.

Ti Ubadah bin As-shomit, anjeunna sasanggem, Rosululloh Saw. Ngawuruk abdi sadaya sababaraha kalimat nalika sumping Romadlon, pokna: Ya Allah, salametkeun abdi pikeun Romadlon sarta salametkeun Romadlon pikeun abdi, oge pamugi ditampi eta Romadlon ti abdi (salaku amal) anu ditampi.” (Uningaan, Al-Ghara’ib al-Multaqathah min Musnad al-Firdaws Mimmaa Laisa fii al-Kutub al-masyhurah: 589, no. 614)

 

Dewan Hisbah oge ngebrehkeun ungkaban du’a di luhur tina Riwayat ath-Thobroni, Abdul Karim bin Muhammad al-Qozwini, kalih Adz-Dzahabi anu aya sababaraha perbentenan kalimat.

 

Dewan Hisbah nandeskeun rehna sok sanaos éta du’a diriwayatkeun ku sababaraha mukhorrij (ulama anu nyatet kalih ngariwayatkeun hadis) kalawan ungkaban anu bararénten, namung sadayana jalur sanad riwayat hadis éta ngalangkungan saurang rowi anu katelah wastana Abu Ja’far ar-Rozi, ti ‘Abdul ‘Aziz bin ‘Umar bin ‘Abdul ‘Aziz, ti Sholih bin Kaisan, ti ‘Ubadah bin ash-Shomit ra.

 

Kumargi kitu, hadis di luhur dihukuman salaku hadis ghorib muthlaq (leres-leres nyorangan).

 

Hadis di luhur dlo’if ku sabab dlo’if-na Abu Ja’far ar-Rozi, anu kakasihna Isa bin Abu Isa Mahan. Anjeuna di­-dlo’if-keun ku para ahli hadis, diantawisna: Al-Fallas sasanggem, “Anjeunna hapalanna awon.” Abu Zur’ah nguningakeun, “Remen rempan (dina ngariwayatkeun).” (Al-Mughni fid Du’afa, II: 500)

 

Dewan Hisbah ngeunaan Kasimpulan Hadis Kasebat:

1)       Hadis anu patula-patali jeung du’a mapag Romadlon anu henteu dikantétkeun jeung sasih Rojab kalih Sya’ban téh dlo’if sarta henteu tiasa dijantenkeun hujjah pikeun diamalkeun.

2)      Mapag Romadlon henteu disyaréatkeun ngadu’a kalawan khusus.

 

Kitu oge du’a anu dikantetkeun jeung sasih Rojab kalih Sya’ban, Dewan Hisbah nyakklekkeun:

1)       Hadis-hadis anu patula-patali jeung du’a mapag Romadlon anu dikantetkeun jeung sasih Rojab kalih Sya’ban teh dlo’if sarta henteu tiasa dijantenkeun hujjah pikeun diamalkeun.

2)      Henteu dikantetkeun jeung sasih Rojab kalih Sya’ban.

 

Unina:

عَنْ أَنَسِ بْنِ مَالِكٍ قَالَ كَانَ النَّبِيُّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ إِذَا دَخَلَ رَجَبٌ قَالَ اَللّهُمَّ بَارِكْ لَنَا فِيْ رَجَبٍ وَشَعْبَانَ وَبَارِكْ لَنَا فِي رَمَضَانَ وَكَانَ يَقُوْلُ لَيْلَةُ الْجُمُعَةِ غَرَّاءُ وَيَوْمُهَا أَزْهَرُ.

Ti Anas bin Malik ra., anjeunna sasanggem: Kabuktosan Nabi Saw. upama lebet sasih Rojab, mantenna ngadu’a, “Ya Allah, paparinan barokah pikeun abdi sadaya dina sasih Rojab kalih Sya’ban; sarta paparinan barokah pikeun abdi sadaya dina sasih Romadlon”. Nabi Saw. oge ngandika, “Malem Juma’ah harita éndah jeung siangna bengras.” Hr. Ahmad.

 

Silih Hapunten Nalika Mapag Romadlon

Dewan Hisbah ogé nyindekkeun réhna silih neda hapunten antawis pada-pada muslim kalih muslimah dina raraga mapag Romadlon téh henteu disyaréatkeun; jalaran hadis riwayat al-Bazzar anu dikiatan ku riwayat Ibnu Hibban, al-Hakim, kalih anu sanesna ti Ka’ab bin Malik ra. anu dijantenkeun hujjah teh henteu aya patula-patalina sareng silih hapunten dina raraga mapag Romadlon. Unina:


عَنْ عَمَّارِ بْنِ يَاسِرٍ، قَالَ: صَعِدَ رَسُولُ اللهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ الْمِنْبَرَ، فَقَالَ: آمِينَ آمِينَ آمِينَ، فَلَمَّا نَزَلَ قِيلَ لَهُ، فَقَالَ: أَتَانِي جِبْرِيلُ، فَقَالَ: رَغِمَ أَنْفُ رَجُلٍ أَدْرَكَ رَمَضَانَ فَلَمْ يُغْفَرْ لَهُ أَوْ فَأَبْعَدَهُ اللَّهُ، قُلْ: آمِينَ، فَقُلْتُ: آمِينَ، وَرَغِمَ أَنْفُ رَجُلٍ أَدْرَكَ وَالِدَيْهِ فَلَمْ يُدْخِلاَهُ الْجَنَّةَ أَوْ فَأَبْعَدَهُ اللَّهُ، قُلْ: آمِينَ، قُلْتُ: آمِينَ، وَرَجُلٌ ذُكِرْتَ عِنْدَهُ فَلَمْ يُصَلِّ عَلَيْكَ فَأَبْعَدَهُ اللَّهُ، قُلْ: آمِينَ، فَقُلْتُ: آمِينَ.

Ti ‘Ammar bin Yasir ra., anjeunna sasanggem: Rosululloh Saw. naék kana mimbar bari pokna, “Aamiin, aamiin, aamiin”, mangka nalika anjeuna saw. turun, eta perkawis teh ditaroskeun. Waler Nabi Saw., “Jibril parantos nepangan kaula bari pokna; ‘Cilaka saurang jalma anu tepang sareng sasih Romadlon, namung henteu janten maghfiroh (pangampura) pikeun anjeunna atanapi Alloh kalah nebihkeun anjeunna, pok ucapkeun: Aamiin!’, nya kaula ngedalkeun: Aamiin. ‘Jeung cilaka saurang jalma anu tepang sareng ibu ramana, namung ku tepang jeung duanana henteu ngajantenkeun anjeuna dilebetkeun ka sawarga atanapi Alloh kalah nebihkeunna, pok ucapkeun: Aamiin!’, nya kaula ngedalkeun: Aamiin. ‘Jeung cilaka saurang jalma anu wasta kaula disubat-disabit di payuneun anjeunna, namung anjeunna henteu sholawat ka anjeun Saw., atanapi Alloh kalah nebihkeun anjeunna, pok ucapkeun: Aamiin!’, nya kaula ngedalkeun: Aamiin.’” (Hr. al-Bazaar, Musnad al-Bazaar, IV: 49: 3168)

 

Hadis di luhur kalahka dihartoskeun lepat ku sapalihna umat Islam, kirang langkung sapertos kieu: “Nalika Rosululloh Saw. khutbah dina ibadah Juma’ah (wangkid sasih Sya’ban), anjeunna ngedalkeun Aamiin dugikeun ka tilu kali. Para shohabat oge nalika ngadangu Rosululloh Saw. ngedalkeun Aamiin, reuwas tur aranjeunna gura-giru ngiring ngedalkeun Aamiin.

 

Namung para shohabat hémeng, naha Rosululloh Saw. ngedalkeun Aamiin dugikeun ka tilu kali. Nalika réngsé Juma’ahan, para shohabat tumaros ka Rosululloh Saw., lajeng anjeunna nguningakeun, ‘Nalika kaula nuju khutbah, Jibril sumping bari ngaharewos: Nun Rosululloh, Amin-keun du’a kaula ieu!’. Walér Rosululloh saw.”

 

Du’a Malaikat Jibril téh nyaéta: “Ya Alloh, ulah dipaliré shaum umat Muhammad, nalika sateuacan lebet kana sasih Romadlon, anjeunna henteu milampah perkara-perkara ieu: [1]Henteu nyuhunkeun hapunten heula ka ibu ramana (upama masih kénéh aya); [2]Henteu silih hapunten heula antawis carogé jeung geureuhana; sarta [3]Henteu silih hapunten heula jeung jalma-jalma anu aya di sabudeureunana. Mangka Rosululloh Saw. ngedalkeun Aamiin tilu kali.”

 

Budaya-budaya Mapag Romadlon

Kompas.com dina seratana: Ragam Tradisi Unik Menyambut Ramadhan di Berbagai Daerah di Indonesia, oge situs-situs anu lianna nguningakeun sababaraha budaya mapag Romadlon diantawisna: [1]Padusan di Jawa Tengah kalih Yogyakarta, [2]Tukuder kalih nuang endog lauk di Kendal, [3]Mohibadaa di Gorontalo, [4]Kirab Dandangan di Kudus, [5]Malamang di Padang, Sumatera Barat, [6]Nyadran di Jawa Tengah, [7]Arwah Jamak di Demak, [8]Meugang di Aceh, [9]Mungguhan atau Munggahan di Jawa Barat, [10]Dugderan di Semarang, Jawa Tengah, [11]Megengan di Surabaya, Jawa Timur, [12]Jalur Pacu atau Pacu Jalur di Kabupaten Kuatan Singingi, Riau, [13]Sadranan di Boyolali, Jawa Tengah, [14]Nyorog di Betawi, Jakarta, [15]Megibung di Bali, [16]Balimau di Minangkabau, [17]Pelon Unggahan di Banyumas, Jawa Tengah, [18]Ziarah Kubro di Palembang, [19]Suro’baca di Makassar, [20]Gebyar Ki Aji Tunggal di Jepara, Jawa Tengah, [21]Apeman di Yogyakarta, [22]Upacara Bantaian Adat di Rantau Panjang Kabupaten Merangin, [23]Papajar di Sukabumi dan Cianjur, Jawa Barat, [24]Beli Emas di Banyuwangi, [25]Tabuh Bedug di Kudus, Jawa Tengah, [26]Matunnu Solong di Polewari Mandar, Sulawesi Barat; kalih budaya-budaya anu lianna. Nyoko kana kaidah ushuliyyah:


اَلْأَصْلُ فِيْ الْمُعَامَلَةِ الإِبَاحَةُ إِلَّا مَا دَلَّ الدَّلِيْلُ عَلَى خِلَافِهِ.

Poko asal dina mu’amalah teh nuduhkeun kana kenging, kajabi aya dalil anu maléngoskeunana; mangka budaya-budaya kasebat teh poko asalna mah mubah (kenging), kajabi pami aya padamelan-padamelan anu henteu sapagodos sareng dalil al-Qur’an katut as-Sunnah anu shohéh.


Wallohu A’lam, abu akyas.

Post a Comment

Terima kasih telah berkomentar, kritik dan saran yang membangun sangatlah diharapkan

Lebih baru Lebih lama