QONAAH [QANAAH, MAKALAH SUNDA]

 

قَالَ الجُرْجَانِيُّ فِيْ التَّعْرِيْفَاتِ: اَلقَنَاعَةُ: اَلرِّضَا بِالقِسْمَةِ، وَقَالَ ابْنُ الأَثِيْرِ فِيْ النِّهَايَةِ: اَلرِّضَا بِاليَسِيْرِ مِنَ العَطَاءِ، وَكَذَا قِيْلَ فِيْ نَضْرَةِ النَّعِيْمِ.

Imam al-Jurjaniy nguningakeun dina kitab at-Ta’rifat: Qona’ah téh nyaéta ridlo (ngarasa sugema) ku bagéanana. Ibnu al-Atsir oge nguningakeun dina kitab an-Nihayah: “(nyaéta) ridlo (ngarasa sugema) kunu saeutik tina bagéanana.” Kitu ogé diuningakeun dina kitab Nadlrotun Na’im.

 

وَمَا مِن دَآبَّةٍ فِى ٱلْأَرْضِ إِلَّا عَلَى ٱللَّهِ رِزْقُهَا وَيَعْلَمُ مُسْتَقَرَّهَا وَمُسْتَوْدَعَهَاۚ كُلٌّ فِى كِتَٰبٍ مُّبِينٍ.

Jeung henteu aya hiji mahluk ogé anu rumingkang di bumi alam, anging anu ditanggung rejekina ku Alloh. Jeung Anjeunna uninga kana padumukanana (di dunya) jeung pamatuhanana (saba’da maot). Sakabéhna dicatet dina kitab anu tétéla (Lauhil Mahfuzh). Qs. Hud [11]: 6.

 

وَلَا تَتَمَنَّوْا۟ مَا فَضَّلَ ٱللَّهُ بِهِۦ بَعْضَكُمْ عَلَىٰ بَعْضٍۚ لِّلرِّجَالِ نَصِيبٌ مِّمَّا ٱكْتَسَبُوا۟ۖ وَلِلنِّسَآءِ نَصِيبٌ مِّمَّا ٱكْتَسَبْنَۚ وَسْـَٔلُوا۟ ٱللَّهَ مِن فَضْلِهِۦٓۗ إِنَّ ٱللَّهَ كَانَ بِكُلِّ شَىْءٍ عَلِيمًا.

Jeung poma maranéh ulah ngarep-ngarep kana naon-naon anu ku Alloh geus dikaruniakeun ka sabagian di antara maranéh leuwih punjul batan kanu sabagianna deui. Pikeun lalaki baris meunang bagian tina hasil usahana, atuh pikeun awéwé ogé baris meunang bagian tina hasil usahana. Pék geura marénta ka Alloh sabagian tina kurniana, saéstuna Alloh Maha Uninga kana sagala perkara. Qs. An-Nisa [4]: 32.

 

قَدْ أَفْلَحَ مَنْ أَسَلْمَ وَرُزِقَ كَفَافًا وَقَنَّعَهُ اللهُ بِمَا آتَاهُ.

Éstu bagja temen jalma anu lebet Islam jeung anjeunna dipaparinan rizki anu cukup, sarta Alloh maparinan sifat qona’ah kana perkara anu dipaparinkeun ka anjeunna. Hr. Ahmad, Muslim, at-Tirmidziy, kalih Ibnu Majah ti Abdulloh bin ‘Amr ra.

 

اُنْظُرُوْا اِلَى مَنْ هُوَ اَسْفَلَ مِنْكُمْ وَلَا تَنْظُرُوْا اِلَى مَنْ هُوَ فَوْقَكُمْ فَهُوَ اَجْدَرُ اَنْ لَا تَزْدَرُوْا نِعْمَةَ اللهِ عَلَيْكُمْ. (مُتَّفَقٌ عَلَيْهِ)

Masing ninggali aranjeun ka jalma anu aya di saharandapeun aranjeun! Jeung aranjeun ulah ninggali ka jalma anu aya di saluhureun aranjeun! Kulantaran éta perkara teh leuwih pantes, sangkan aranjeun henteu nganggap leutik kana ni’mat Alloh ka aranjeun. Hr. Muttafaq ‘Alaih.

 

لَيْسَ الغِنَى عَنْ كَثْرَةِ العَرَضِ، وَلكِنَّ الغِنَى غِنَى النَّفْسِ. (رَوَاهُ مُسْلِمٌ)

Beunghar téh lain tina lobana harta banda, namung tatapina beunghar téh nyaéta beunghar hate. Hr. Muslim.

 

اتَّقِ الْمَحَارِمَ تَكُنْ أَعْبَدَ النَّاسِ وَارْضَ بِمَا قَسَمَ اللَّهُ لَكَ تَكُنْ أَغْنَى النَّاسِ وَأَحْسِنْ إِلَى جَارِكَ تَكُنْ مُؤْمِنًا وَأَحِبَّ لِلنَّاسِ مَا تُحِبُّ لِنَفْسِكَ تَكُنْ مُسْلِمًا وَلَا تُكْثِرْ الضَّحِكَ فَإِنَّ كَثْرَةَ الضَّحِكِ تُمِيتُ الْقَلْبَ.

Riksa diri anjeun tina mangpirang-pirang paharaman, pinasti anjeun baris jadi jalma anu panghambana. Jeung masing ridlo kana perkara anu dipaparinkeun ku Alloh ka anjeun, pinasti anjeun baris jadi jalma anu pangbeungharna. Jeung masing hadé anjeun ka tatangga, pinasti anjeun baris jadi jalma mu’min anu sampurna. Jeung masing cinta deudeuh ka papada jalma sakumaha anjeun mikacinta mikadeudeuh ka diri anjeun sorangan, pinasti anjeun baris jadi jalma muslim anu sampurna. Jeung anjeun ulah seueur seuseurian, kulantaran loba teuing seuseurian téh maéhkeun hate. Hr. Ahmad, at-Tirmidziy, kalih al-Baihaqiy ti al-Hasan ti Abu Huroiroh ra.

 

Dina sanadna aya rowi anu kakasihna Ja’far bin Sulaiman adl-Dluba’iy. Anjeunna urang syi’ah, Abu Thoriq as-Sa’diy, saur adz-Dzahabiy, “Majhul.” Sarta al-Hasan henteu nampi hadis ti Abu Huroiroh ra. (Bulugh al-Amaniy min Asrar al-Fath ar-Rabbaniy, XIX: 194). Abu Nabhan Hamdan dina Tahdzibul Akhlaq: 64-67.

 

اُصُوْلُ الذُّنُوْبِ ثَلَاثَةٌ: اَلْكِبْرُ، وَالْحِرْصُ، وَالْحَسَدُ.

Cukang lantaran mangpirang-pirang pidosaeun téh aya tilu: 1adigung (gumedé), 2hawek, jeung 3hasud (goréng hate ka batur).

 

قَالَ مَالِكُ بْنُ دِيْنَارٍ: اِحْبِسْ ثَلَاثًا بِثَلَاثٍ حَتَّى تَكُوْنَ مِنَ الْمُؤْمِنِيْنَ: اَلْكِبْرُ بِالتَّوَاضُعِ، وَالْحِرْصُ بِالقَنَاعَةِ، وَالْحَسَدُ بِالنَّصِيْحَةِ.

Malik bin Dinar sasanggem, “Tengker ku anjeung tilu perkara ku tilu perkara deui, dugikeun ka anjeun kagolongkeun ti antara jalma-jalma anu ariman: 1adigung ditengker ku tawadlu (depe-depe handap asor), 2hawek ditengker ku qona’ah (saeutik mahi, loba nyesa), jeung 3hasud ditengker ku an-nashihah (naséhat). Abu Nabhan Hamdan dina Tahdzibul Akhlaq: 64-67.


Wallaahu A’lam, Herdimas Azka Abi Naya.

Post a Comment

Terima kasih telah berkomentar, kritik dan saran yang membangun sangatlah diharapkan

Lebih baru Lebih lama