DIANTARA KEUTAMAAN UMRAH


Anu kahiji, hajji kalih umroh kalebet kana amalan jihad fi sabilillah, pangandika Nabi:

أَنْ تُجَاهِدَ الْكُفَّارَ إِذَا رَأَيْتَهُمْ ، ثُمَّ لاَ تَغِلَّ ، وَلاَ تَجْبُنْ ، ثُمَّ عَمَلاَنِ هُمَا مِنْ أَفْضَلِ الأَعْمَالِ إلا كَمِثْلِهِمَا ، ثَلاَثَ مَرَّاتٍ ، حَجَّةٌ مَبْرُورَةٌ أَوْ عُمْرَةٌ

“Jihad teh nyaeta merangan jalma kufur tuluy henteu khianat, henteu dengki, henteu haranga, lajeng ngamalkeun dua amalan anu pangutamana kajaba amalan anu samisilna, (Nabi nyebatna tilu kali), nyaeta hajji anu mabrur atanapi umroh”.

Dina hadits anu sanesna, Nabi ngandika:

عَنْ عَائِشَةَ قَالَتْ: قُلْتُ: يَا رَسُولَ اللهِ، عَلَى النِّسَاءِ جِهَادٌ؟ قَالَ: نَعَمْ، عَلَيْهِنَّ جِهَادٌ لاَ قِتَالَ فِيهِ: الْحَجُّ وَالْعُمْرَةُ.

Ti ‘Aisyah rodiyallohu ‘anha anjeuna sasanggem: Sim kuring tumaros: “Wahey Rosululloh, pikeun istri aya jihad?”. Waler Nabi, “Muhun, aya. Pikeun aranjeuna jihad anu teu aya pangperangan dina jihad eta, nyaeta hajji kalih ‘umroh.” ﴾Sunan Ibnu Majah, juz 4, kaca 146, hadits no.2901﴿

Upami hajji atanapi umroh kalebet jihad, mangka nalika urang ngantunkeun dina ngalaksanakeunana, mangka urang aya dina kaayaan mati syahid. Subhanalloh.

Kautamaan umroh anu kadua, ti umroh ka umroh tiasa janten kifarat dosa (pamupus dosa), Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika,

عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُ أَنَّ رَسُولَ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ الْعُمْرَةُ إِلَى الْعُمْرَةِ كَفَّارَةٌ لِمَا بَيْنَهُمَا وَالْحَجُّ الْمَبْرُورُ لَيْسَ لَهُ جَزَاءٌ إِلَّا الْجَنَّةُ. صحيح البخاري.

Ti Abu Huroiroh rodiyallohu ‘anhu, satemena Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Umroh ka umroh mangrupikeun kifarat dosa antawis duanana, sarta hajji anu mabrur henteu aya wawalesna anging syurga”. Hr. Al-Bukhori dina Kitab-na Shohih Al-Bukhori.

Naon anu dimaksad mupus dosa dina eta hadits? Naha sadayana dosa? Tangtos henteu, kumargi aya dosa anu kahapusna kedah ku tobat, sapertos musyrik, ngukut batu akik sangkan usaha lancar umpamana. Oge aya dosa anu kahapusna kedah ku neda pangampura nyaeta contona doraka ka indung bapa eta mah moal tiasa kahapus ku umroh tapi kedah neda pangampura sepuh.

Nu kumaha hajji kalih umroh anu mabrur teh? Ringkesna nyaeta jalma anu samulihna ti hajji atanapi umroh, kualitas amal sholehna langkung ningkat, pami sholat langkung soson-soson, pami tahajjud langkung getol, pami zakat langkung jujur, pami shodaqoh langkung diperhatoskeun, pami akhlaq langkung mulya, jeung sajabana, mangka eta hajji atanapi umroh anu mabrur. Mabrur nyaeta ngadatangkeun kahadean.

Kautamaan umroh anu katilu, ibadah umroh khususna oge safar umumna mangrupikeun waktos anu langkung mungkin pikeun diijabahna du’a, pangandika Nabi:

اَلْغَازِيْ فِيْ سَبِيْلِ اللَّهِ وَالْحَاجُّ وَالْمُعْتَمِرُ, وَفْدُاللَّهِ, دَعَاهُمْ فَأجَابُوهُ. وَسَألُوْهُ فَأعْطَاهُمْ

“Jalma anu perang di jalan Allah jeung jalma anu ngalaksanakeun haji kalih umrah, maranehna teh para utusan (tamu) Allah. (Nalika) Allah nyauran aranjeuna, mangka aranjeuna nyumponan panggerona. Jeung (nalika) maranehna nyuhunkeun ka Mantenna, mangka Allah nyumponan (kana pamenta maranehna).” (Hadis Hasan, dina Shahih al Jaami’ish Shaghiir kalih Sunan Ibnu Majah).

Kautamaan umroh anu kaopat, Umroh ngaleungitkeun kafakiran jeung dosa.

Ti Abdullah, Rasulullah shallallahu ‘alaihi wa sallam ngandika,

تَابِعُوا بَيْنَ الْحَجِّ وَالْعُمْرَةِ فَإِنَّهُمَا يَنْفِيَانِ الْفَقْرَ وَالذُّنُوبَ كَمَا يَنْفِى الْكِيرُ خَبَثَ الْحَدِيدِ وَالذَّهَبِ وَالْفِضَّةِ وَلَيْسَ لِلْحَجَّةِ الْمَبْرُورَةِ ثَوَابٌ إِلاَّ الْجَنَّةُ

“Masing dituturkeun ku aranjeun umrah kana haji, alatan estu duanana baris ngaleungitkeun kamiskinan jeung dosa-dosa sakumaha pangdurukan ngaleungitkeun karaha dina beusi, emas, jeung perak. Jeung henteu aya pahala pikeun haji anu mabrur iwalti surga.” (HR. An Nasai no. 2631, Tirmidzi no. 810, Ahmad 1/387. Syaikh Al Albani: hadits ieu hasan shahih).

Kafakiran dina ieu hadits maksadna kafakiran hate, mangka jalma anu umrohna mabrur estu hatena baris dibeungharkeun. Oge lepat upami angkat umroh niatna hoyong beunghar harta, tapi kudu niat anu suci lillahi ta’ala, da dibeungharkeun hate mah eta wawalesna ti Alloh sanes paniatan anu kedah aya dina manah.

Kautamaan umroh anu kalima nyaeta, umroh mangrupikeun ibadah anu dimulyakeun ku Rosul, dumasar panalungtikan para ulama, Rosululloh nalika jumeneng kantos hajji mung sakali, anapon umroh dugikeun ka 4 kali. Ieu hartosna kalintang merhatoskeunna Rosul kana ibadah umroh.

Ust Dedi Rahman Allaahu Yarham, pengasuh Kajian Islam dina Radio Garuda FM kantos ditaros kumaha upami anu getol umroh tapi pedit ka tatangga jeung baraya?. Waleran anjeuna nya umroh kedah getol dibarengan ku sifat berehan. Wallaahu A’lam, Abu Akyas.

Post a Comment

Terima kasih telah berkomentar, kritik dan saran yang membangun sangatlah diharapkan

Lebih baru Lebih lama