DIAJAR
SAKINAH KA SAODAH BINTI ZAM’AH, UMMUL MU’MININ RADLIYALLAHU ‘ANHA[1]
Urang sadaya masih aya di kebon kahadean, kabarokahan,
kahormatan jeung katakwaan. Unggal dinten urang sadaya ninggali kembang anu
enggal mekar tur nyalabarkeun seungit ambeuna ka sakumna alam dunya.
Ayeuna, urang sadaya nuju ngantos-ngantos saurang
shohabat istri anu agung sarta pinuh barokah anu usaha satekah polah pikeun
ngabageakeun kalih ngabagjakeun manah Rosululloh Saw.
Anjeuna kalebet istri munggaran anu lebet Islam,
ngiring hijrah dua kali, nyaeta hijrah ka Habasyah jeung Madinah Munawwaroh.
Anjeuna langkung ngutamikeun karidloan Rosululloh Saw. batan kasenangan
pribadina, antukna Ummul Mu’minin ‘Aisyah ra. muji ka anjeuna, “Sim
kuring henteu kantos mendakan saurang istri anu langkung dipikaresep upama seug
sim kuring janten anjeuna, anging Saodah binti Zam’ah.” Tangtosna, inohong
istri anu ku urang sadaya diantos-antos teh nyaeta Ummul Mu’minin Saodah binti
Zam’ah. Mugia Alloh maparin karidloan ka anjeuna.
Hayu gabung jeung abdi sadaya. Urang sasayogian manah
urang sadaya pikeun neuleuman lalakon hirupna anu seungit jeung unggal jalma
bingah ngadanguna. Hayu ngiring sareng abdi sadaya ka oasis anu pinuh
kabarokahan.
Meuntasan Poekna Syirik Ngajugjug Caangna Tauhid
Parantos lami manusa ngajalanan kahirupan Jahiliyah
jeung ruksak. Lajeng, Nabi Saw. nyandak agama anu agung ieu pikeun
ngalihkeun manusa tina leutak hideung kamusyrikan jeung kakapiran ngajugjug
caangna tauhid jeung iman. Dakwah ieu enggal katampi ku jalma-jalma anu nyekel
pageuh kasucian pitroh jeung kabersihan hate. Maranehna enggal-enggal
ngaleupaskeun raksukan kajahiliyahan di payuneun panto padumukan al-Arqom bin
Abul Arqom jeung ngagentosna ku raksukan Islam.
Totalitas jiwa jeung raga aranjeuna dipasrahkeun
pikeun taat ka Allah sarta bajoang pikeun agama-Na. Aranjeuna teh para shohabat
mulya anu nampi da’wah anu pinuh barokah eta dina munggaranana. Aranjeuna teh
jalma-jalma anu ngaraoskeun pait peuheurna ngabajoangkeun agama jeung
nyalabarkeun risalahna ka sakumna alam dunya ku kurban getih jeung dagingna.
Jalma munggaran anu ngagem Islam ti kaom istri nyaeta
Khodijah ra. Anjeuna teras-terasan ngarojong Rosululloh Saw. dina
ngalakonan waktos-waktos susah jeung ngabantosna dina nyalabarkeun eusi da’wah.
Anapon ti kaom pameget nyaeta Abu Bakar ash-Shiddiq ra. Anjeuna henteu
kantos ngaraos rempan sakedik oge pikeun nampi da’wah, antukna nalika
Rosululloh Saw. ngajak anjeuna lebet Islam, pokna, “Sim kuring nyaksi
rehna henteu aya pangeran lian ti Alloh jeung Muhammad utusan Alloh.”
Ti kawit nyatakeun diri lebet Islam, Abu Bakar as. enggal-enggal
ngalaksanakeun amanah agama tur ngadugikeun da’wah ka manusa sangkan nampi
pangajaran agama Alloh. Antukna, hasil tina soson-soson dina da’wah teh, genep
tina sapuluh urang anu dijangjikeun baris lebet sawarga dina hiji wanci,
enggal-enggal lebet Islam. Dina dintenan kiamat jaga, Abu Bakar ash-Shiddiq
baris nepangan Pangeranana kalawan ngahontal pahala kahadean jalma-jalma anu
lebet Islam cukang lantaran umajakna.
Sanes mung wungkul anu genep kasebat, seueur keneh
inohong-inohong anu lebet Islam alatan anjeuna. Numawi eta teh katerangan
ngeunaan da’i sajati. Anjeuna salawasna miara ka sakumna jalma anu aya di
sabudeureunana jeung melang hariwang upama maranehna katibanan siksa Alloh,
dugikeun ka usaha satekah polah pikeun ngapungpang maranehna ngajugjug kana
ridlo jeung sawargana Alloh.[2]
As-Saabiquunal Awwaluun
Di antawis jalma-jalma anu munggaran lebet Islam (As-Saabiquunal
Awwaluun) kalih nampi da’wah bebeneran nyaeta Sakron bin ‘Amr, wargi teges
shohabat kakoncara, Suhail bin ‘Amr. Sakron ngagem Islam jeung iman parantos
nyurup kana sakumna manahna. Malihan mah, kaislamanana dituturkeun ku
geureuhana anu anjeuna teh murangkalih uwa/ emangna ku anjeun, Saodah binti
Zam’ah ra. Aranjeuna duaan ngalakonan waktos-waktos pangendahna dina
kahirupanana di handapeun panangtayungan tauhid jeung iman.
Tangtosna, hirup di handapeun iuh-iuh kaimanan teh
hirup anu panghadena, sakumaha diuningakeun ku Alloh Ta’ala,
مَنْ عَمِلَ صالِحاً مِنْ ذَكَرٍ أَوْ أُنْثى وَهُوَ مُؤْمِنٌ
فَلَنُحْيِيَنَّهُ حَياةً طَيِّبَةً وَلَنَجْزِيَنَّهُمْ أَجْرَهُمْ بِأَحْسَنِ ما
كانُوا يَعْمَلُون.
Sing saha anu ngalampahkeun amal soleh, boh lalaki boh
awewe sarta manehna keur dina kaayaan iman, nya saestuna Kami bakal
ngahuripkeun manehna dina kahirupan anu hade, jeung saestuna Kami bakal maparin
ganjaran ka maranehna ku ganjaran anu leuwih hade batan anu diamalkeun ku
maranehna. Qs. An-Nahl
[16]: 97.
Maranehna duaan janten bagean ti jalma-jalma anu
munggaran masrahkeun manah tur dirina ka Alloh Swt., dugikeun ka kalebet
jalma-jalma anu kenging wawales kabagjaan di dunya katut aherat. Alloh Swt. ngadawuh,
وَالسَّابِقُونَ الْأَوَّلُونَ مِنَ الْمُهاجِرِينَ وَالْأَنْصارِ
وَالَّذِينَ اتَّبَعُوهُمْ بِإِحْسانٍ رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُمْ وَرَضُوا عَنْهُ
وَأَعَدَّ لَهُمْ جَنَّاتٍ تَجْرِي تَحْتَهَا الْأَنْهارُ خالِدِينَ فِيها أَبَداً
ذلِكَ الْفَوْزُ الْعَظِيم.
Jeung jalma-jalma anu tiheula, anu mimiti pisan ti
antara muhajirin jeung ansor, jeung jalma-jalma anu Marilu ka maranehna kalayan
ihsan, Alloh mikarido maranehna jeung maranehna oge mikarido Anjeunna, jeung
Anjeunna nyawiskeun pikeun maranehna sawarga-sawarga anu di handapna cur-cor
walungan; kaayaan maranehna baris langgeng di dinya salalawasna, eta teh
kauntungan anu agung. Qs.
At-Taubah [9]: 100.
Kasabaran jeung Kapasrahan ka Alloh
Mung etangan dinten, iber kaislaman Sakron sumebar di
Makkah. Ieu perkawis ngajantenkeun jalma-jalma anu hatena parantos kagoda ku
setan jeung mandang dirina salaku inohong, padahal hakekatna mah hamba hina anu
ngahamba kana napsu beuteung jeung raranganana, henteu inggis pikeun ngagusur
Sakron kalih nyiksana kalawan henteu aya rasrasan.
Ibnu Ishaq ngebrehkeun, “Jalma-jalma musyrik Quraisy
ngawitan nganyenyeri unggal jalma anu lebet Islam sarta nuturkeun pangajaran
Rosululloh Saw. Unggal Kabilah nyiksa babaturanana anu ngagem Islam. Aranjeunna
ngaringkus, neunggeul, ngantep sina kalaparan jeung hanaang, sarta ngagusurna
dina luhureun keusik wanci tengah dinten anu panas. Ieu perkawis dilampahkeun
utamina ka jalma-jalma anu lalemah ti antawis aranjeuna. Jalma-jalma muslim eta
teras disiksa sangkan kaluar tina kayakinan agama anyarna. Di antawis aranjeuna
aya anu kantos oyag alatan nampi panyiksa anu kalintang abotna, jeung aya anu
tetep panjeg jeung dipaparin panyalindungan ku Alloh dugikeun ka henteu mengpar
tina agamana.
Nalika Rosululloh Saw. merhatoskeun panyiksa ka
shohabat-shohabatna beuki mahabu, anapon kaayaanana tetep aman alatan Alloh
maparin panyalindungan, oge alatan belana uwana, Abu Tholib, anjeuna henteu
tiasa mengparkeun shohabat-shohabatna tina panyiksa Quraisy. Pangandika Saw.,
‘Arindit ka Habasyah!. Sayaktosna di ditu aya saurang raja anu henteu ngantep
saurang oge anu sumping ka anjeuna dina kaayaan didolim. Habasyah teh nagri anu
pinuh ku kajembaran manah. Geura lalinggih di ditu dugikeun ka Alloh
ngabebaskeun aranjeun tina panyiksa ieu’.
Henteu lami ti eta, shohabat-shohabat Rosululloh Saw.
anu parantos lebet Islam arangkat ka Habasyah pikeun nyingkahan pitnah
jeung nyalametkeun agama Alloh. Eta teh hijrah munggaran dina sajarah Islam.”[3]
Dina hiji riwayat, Ummu Salamah nguningakeun, “Wangkid
abdi sadaya ngaraoskeun Makkah beuki heurin jeung beuki seueur shohabat Nabi Saw
anu disiksa jeung diteken, sarta aranjeuna ninggali nyalira kanalangsaan
beuki ngaronjat; samentawis di sagedengeun eta, Rosululloh Saw. henteu
tiasa ngabelaan aranjeuna, anapon anjeuna tetep aman alatan dibela ku kaom
jeung uwana, antukna henteu aya anu wantun nganyeurikeun anjeuna; mangka
Rosululloh Saw. ngandika, ‘Sayaktosna di Habasyah aya saurang raja
anu moal ngantep saurang oge didolim di payuneun anjeuna. Geura arindit ka eta
nagri dugikeun ka Alloh ngejagkeun tina kanalangsaan jeung maparin bongbolong.’
Nya abdi sadaya hijrah ku cara sumebar dugikeun ka kempel di hiji nagri anu
tumaninah jeung kenging panyalindungan
anu sae, antukna abdi sadaya tiasa ngajagi agama abdi sadaya kalawan
hade.”
Dina riwayat lian, Ummu Salamah sasanggem, “Sajolna di
Habasyah, abdi sadaya nampi panyalindungan anu sae ti pangawasana (Najasyi).
Abdi sadaya tiasa ngajagi agama abdi sadaya sarta sumujud nyembah ka Alloh
Ta’ala, kalawan henteu aya anu nganyerikeun atanapi nguping perkara anu abdi
sadaya henteu raos.”
Saodah kalih carogena, mugia Alloh maparin karidloan
ka anjeuna duaan, kalebet jalma-jalma anu hijrah ka Habasyah. Aranjeuna kenging
panyalindungan ti Najasyi, saurang raja anu adil, sarta hirup kalawan tengtrem
dina kaimanan jeung tauhid.
Henteu lami ti dinya, aranjeuna mulih ka Makkah pikeun
nyarengan Nabi Saw. Jalma anu iman baris tiasa mayunan unggal kasusah
anu tumiba salami tiasa nyarengan Nabi Saw. tibatan hirup ayem jeung
tengtrem, namung tebih ti anjeunna.
Namung, nalika aranjeuna dugi di Makkah, sing horeng jalma-jalma
Quraisy masih keneh ngamusuhan da’wah Nabi Saw. jeung nyiksa
shohabat-shohabatna. Samulihna, Rosululloh Saw. teras ngaageungkeun
manah aranjeuna rehna pitulung Alloh parantos caket jeung kapunjulan baris
dihontal ku jalma-jalma anu caket sareng Mantenna, anapon musuh-musuhna mah
baris binasa.
Hiji anu Dijugjug Kalawan Mulya
Muhammad Saw. henteu ngempelkeun
shohabat-shohabatna kanggo ngahontal kauntungan dunya anu saenggalna baris
ngiles. Sayaktosna Muhammad parantos sukses nyingraykeun perkara anu nutupan
soca manusa, dugikeun ka aranjeuna tiasa ninggali bebeneran anu parantos lami
katutupan. Muhammad sukses mupus kokotor anu ngotoran hate manusa, antukna
aranjeuna tiasa uninga kayakinan anu parantos dipaparinkeun ku Alloh ka anjeuna
sarta dimomorekeun ku kajahiliyahan. Muhammad parantos nyambungkeun deui manusa
jeung Pangeranana, antukna meungkeut aranjeuna ku beungkeutan anu weweg jeung
alat anu pageuh. Padahal sateuacan eta, aranjeuna angkleung-angkleungan dina
kabingung jeung kahariwang.
Muhammad maparinan kamandang ka aranjeuna antawis
kalanggengan jeung karuksakan. Sing horeng, aranjeuna langkung milih alam
aherat batan alam dunya anu baris ruksak. Muhammad nyanghareupkeun aranjeuna
kana dua pilihan, nyaeta janten hamba patekong-patekong anu hina atanapi janten
hamba Pangeran anu Mahaagung. Geningan, aranjeuna ngaraos rarujit kana
patekong-patekong anu diukir ku leungeun manusa jeung masrahkeun diri ka Zat
anu ngayugakeun langit katut bumi.
Muhammad Saw. parantos ngaguratkeun kahadean anu
kalintang badagna sarta shohabat-shohabatna parantos maparin perhatosan anu
henteu kirang ageungna. Upama aranjeuna dinyenyeri, mangka aranjeuna sabar.
Upama hamba-hamba patekong ngamusuhan, mangka aranjeuna tetep nyekel deleg
kayakinanna eta. Paamprokna antawis kaimanan jeung kakapiran pinasti baris aya
tungtungna. Lajeng, baris katawis kalawan eces saha anu tilar salaku syuhada
jeung saha anu tilar kalawan euweuh hartina. Nya tembong saha anu leres-leres
iman jeung komitmen ku agama Alloh, jeung saha anu musyrik jeung baris ngalaman
kahanjelu, kalawan widi Alloh.[4]
Papisahan anu Matak Ngahanjelukeun
Dinten ka dinten parantos kalangkung. Sajodo caroge
kalih geureuhana eta ngalakonan unggal dintenna ku atikan Kitabulloh kalih
Sunnah Rosululloh Saw. dugikeun ka maot mapag ka Sakron jeung ruhna
mulih ka Anu Ngayugakeunana. Sakron ngantunkeun di Makkah. Maotna nyumpingkeun
kasedih anu pisan dina manah Saodah.
Ti kawit harita, Saodah ra., hirup nyalira di
ieu alam dunya. Namung anjeuna ngalakonanna kalawan sabar jeung ridlo nampi
takdir Alloh, alatan anjeuna yakin rehna kanyaah Alloh Swt. ka
hamba-hambaNa langkung ageung ti batan kanyaah saurang indung ka murangkalihna
anu masih disusuan.
Saodah ra. yakin rehna upama sabar jeung pasrah
ka Alloh, mangka Alloh baris maparinkeun gentosna anu langkung sae. Namung,
henteu kantos kaemut dina manah Saodah yen hiji waktos anjeuna baris janten
Ummul Mu’minin kalih geureuha ti manusa anu pangagungna salalawasna.
Ngantos-ngantos Kabagjaan
Wangkid harita, Nabi Saw. masih ngaraoskeun kasedih
alatan maotna Khodijah ra., geureuha anu pangdipikacintana. Bade henteu
sedih kumaha, lian ti risalah agama, Khodijah teh urat getihna Islam, anu
ngasuh da’wah, landing pikeun sagala kanyeri jeung cahaya anu nyaangan unggal
jalan. Unggal Rosululloh Saw. mulih ka padumukanana kalawan nyandak
sagala rupi kanyeri jeung kasedih, mangka Khodijah ngawilujengkeun sumping
kalawan sae kacida, maparinan sumanget kalih nengtremkeun manahna. Khodijah moal
kerja ngantunkeun anjeuna Saw. anging saparantosna ngaicalkeun beungbeurat
anu meungkeut manahna Saw. Pameunteuna marahmay deui ku keomna, jeung
socana ninggalikeun harepan jeung tekad anu pageuh pikeun nyanghareupan sagala
rupi kasusah salami bajoang di jalan Alloh, dugikeun ka tiasa nyumponan amanah
kalih ngadugikeun wahyu anu diturunkeun ka anjeuna Saw.
Mulihna Khodijah ngajantenkeun alam dunya beuki hina
jeung ngajantenkeun aherat beuki mulya. Ngantunkeunana disarengan ku ngurutugna
ci soca Rosululloh Saw. kalih palaputrana, oge para shohabat. Ath-Thoohiroh
(istri anu suci), inohong istri Quraisy, anu ngasuh Islam, Ummul Mu’minin
jeung kakasih Rosululloh Saw. eta parantos henteu aya. Anjeuna ngantunkeun
dina taun ka-10 kanabian anu mangrupikeun taun anu pinuh ku kasedih, dugikeun
ka disebat taun kasedih.
Dina kaayaan anu kalintang kritis dina lalakon da’wah
Islam ieu, istri mana anu tiasa ngeusi kosongna manah anu parantos dikantunkeun
ku Khodijah binti Khuwailid ra.?
Sim kuring (Mahmud al-Mishri) yakin, bangbaluh manah
anu dikantunkeun Khodijah mung tiasa dieusi ku Khodijah. Tempat jeung kamulyaan
Khodijah ra. dina manah Rosululloh Saw. mung wungkul
dipaparinkeun ka Khodijah, jeung henteu tiasa dibagikeun ka garwa-garwana anu lianna
jaga.[5]
Dina kaayaan eta, Saodah ra. nuju ngantosan
sumpingna kabagjaan dunya tur aherat. Alloh Swt. mikarepna didahup ku
Nabi Saw. Namung, kumaha pertikahan eta tiasa kajantenan?
Janten Ummul Mu’minin
Sadayana shohabat Rosululloh Saw. uninga kana
luhungna kamulyaan Khodijah ra. dina manah anjeuna. Nalika Khodijah
tilar dunya, aranjeuna kalintang miharepna Alloh Swt maparinan ka
anjeuna Saw. nugraha anu tiasa ngahampangkeun kasedih jeung karupekna Saw.
Namung, henteu aya saurang oge anu wantun sasanggem ka Rosululloh Saw patali
pertikahan. Namung salajengna, Alloh Swt mikarep saurang inohong shohabat
istri aya anu wantun nguningakeun ieu perkawis. Inohong istri eta teh nyaeta
Khoulah binti Hakim. Anjeuna sumping ka Rosululloh Saw kalih
nguningakeun pertikahan anu dipiharep tiasa ngabingahkeun manah anjeuna anu
masih keneh pinuh ku kasedih.
‘Aisyah ra. nguningakeun kumaha Khoulah binti
Hakim ra. tiasa ngagunem caturkeun ieu perkawis sareng Rosululloh Saw.
‘Aisyah ra sasanggem, “Wangkid Khodijah ngantunkeun, Khoulah binti
Hakim bin Al-Auqosh, garwa ‘Utsman bin Mazh’un, sasanggem ka Rosululloh Saw.
(waktos harita masih di Makkah), ‘Nun Rosululloh, manawi salira henteu
hoyong deui?’. Pok Rosululloh Saw. mariksa, ‘Sareng saha?’. Khoulah
ngawaler, ‘Kumaha salira, naha anjeun teh bade nikah ka wanoja atanapi ka
randa?’. Nabi Saw tumaros langkung tebih, ‘Upama wanoja, saha
jalmina?’. Waler Khoulah, ‘Murangkalih ti jalma anu pangdipikacintana ku
anjeun, ‘Aisyah binti Abu Bakar’. Nabi Saw mariksa deui, ‘Upanten
randa, saha jalmina?’ Khoulah ngawalon, ‘Saodah binti Zam’ah. Anjeuna parantos
iman ka anjeun sarta nuturkeun pangajaran agama anjeun’. Rosululloh Saw
ngandika, ‘Upama seug kitu, jung, dugikeun panarosan kaula ka aranjeuna
duaan’.”[6]
Dina riwayat Ahmad (kalawan sakedik aya anu robih)
diuningakeun rehna Khoulah sasanggem, “Sim kuring gura-giru nepangan Saodah
kalih ramana, Zam’ah. Wangkid harita, Zam’ah parantos sepuh sarta parantos
henteu tiasa nanaon dina usum hajji. Sim kuring cumarios, ‘Kahadean tur
kabagjaan sapertos kumaha anu parantos dianugerahkeun ku Alloh ka aranjeun?’
Saodah ngawalon bari reuwas, ‘He Khoulah, maksad anjeun teh kumaha?’ waler sim
kuring, ‘Rosululloh Saw ngapancenan tugas ka jisim abdi pikeun nepangan
anjeun sarta ngadugikeun panarosanana ka anjeun’.”
Manah Saodah bingah kacida. Anjeuna henteu wasa nahan
ci soca kabagjaan anu nyurucud ngabaseuhan damis kalih nengtremkeun manahna. Anjeuna
kaemutan kana impenan anu henteu acan lami kaalaman. Sing horeng, ayeuna mah
impenan eta ngawujud janten kanyataan. Sok sanaos saenyana mah anjeuna teh
henteu miharep janten garwa Rosululloh Saw saparantos yuswana cekap
sepuh. Hiji kabagjaan anu kalintang pisan saena, nalika anjeuna janten Ummul Mu’minin.
Saodah ra. nepangan deui Khoulah bari pokna
kalawan manah anu kalintang pisan bingahna, “Tinangtos abdi nampi anjeuna Saw.
Namung, pamugi ditepangan pun bapa oge diuningakeun patali ieu perkawis.”
Khoulah ngalajengkeun, “Sim kuring enggal nepangan
ramana Saodah. Sim kuring uluk salam lir salamna urang Jahiliyah, ‘Wilujeng
enjing.’ Ramana Saodah tumaros, ‘Anjeun saha?’ sim kuring ngawaler, ‘Khoulah
binti Hakim bin Umayyah as-Sulami, garwana ‘Utsman bin Mazh’un Al-Jumahi.’ Ramana
Saodah ngahaturanan ka sim kuring pikeun linggih sarta abdi sadaya uplek dina
obrolan anu ngaler ngidul. Anjeuna uninga rehna sim kuring parantos ngantunkeun
agama Quraisy sarta iman ka Muhammad oge kantos hijrah ka Habasyah jeung wangsul
deui ka Makkah. Saparantosna eta, anjeuna nembe tumaros patali kaperyogian sim kuring
nepangan anjeuna. Pokna, ‘Naon kaperyogian anjeun sumping ka dieu?.’
Waler sim kuring, ‘Sayaktosna Muhammad bin Abdulloh
bin Abdul Muththollib ngapancenan tugas ka sim kuring pikeun ngadugikeun
pamaksadanana narosan murangkalih anjeun, Saodah Ummul Aswad.’ Ramana Saodah ngawalon,
‘Muhammad teh jodo anu pantes tur mulya. Namung, kumaha kamandang sobat anjeun,
Saodah?’ sim kuring ngawaler, ‘Anjeuna kersa nampina Saw.’ ramana Saodah
sasanggem, ‘Upama seug kitu, sauran Saodah ka dieu.’
Sim kuring mios kalih nyauran Saodah. Saparantosna sumping,
ramana sasanggem, ‘Anaking, sayaktosna, Khoulah binti Hakim nguningakeun ka Ama
rehna Muhammad bin ‘Abdulloh parantos ngintun anjeuna pikeun narosan anjeun. Muhammad
teh jodo anu saluyu kalih mulya pikeun anjeun. Naha anjeun sayogi upama ku Ama
ditikahkeun ka anjeuna?.’ Saodah ngawalon kalawan jentre, ‘Tinangtos Ama, upama
anjeun sapagodos mah.’ Ramana Saodah, Zam’ah, ngareret ka Khoulah bari pokna, ‘Pangdugikeun
ka Muhammad sangkan anjeuna nepangan ka abdi sadaya’.”
Khoulah ngalajengkeun, “Lajeng, Rosululloh Saw nepangan
kalih ngayakeun akad nikah jeung Saodah. Anjeuna Saw. maparinan mahar
ageungna 400 dirham.”[7]
Wangkid harita, Saodah ra. kagungan saurang
dulur pameget anu wastana ‘Abdulloh bin Zam’ah anu masih ngagem kapercantenan
Quraisy jeung kaleresan nuju aya di luar Makkah. Nalika jol di di Makkah sarta
uninga rehna wargina anu istri nikah sareng Rosululloh Saw., anjeuna
kalintang pisan ambekna alatan fanatisme jahiliyah ngalimpudan dirina. Anjeuna ngawurkeun
lebu dina mastakana nyalira alatan handeueul jeung kuciwa patali pertikahan
kasebat. Lajeng, anjeuna nepangan ramana kalih nyingsieunan kana kaputusanana
nampi panarosan Rosululloh Saw ka Saodah ra.
Namung, saparantosna Alloh mukakeun soca batin kalih
soca lahirna, dugikeun ka kersa nampi caangna Islam jeung iman ka Alloh kalih
Muhammad salaku Rosul oge Nabi-Na, ‘Abdulloh ngemut-ngemut kajantenan eta bari
pokna, “Sim kuring kalintang bodona, nalika ngawurkeun lebu dina mastaka alatan
Nabi Saw. nganikahan Saodah.”[8]
Dina Atikan Rosul Saw.
Saodah ra. mangrupikeun istri munggaran anu
ditikah ku Nabi Saw. saparantosna Khodijah ra. tilar dunya. Anjeuna
janten hiji-hijina garwa Nabi Saw. salami tilu taun, sateuacan
Rosululloh Saw. nikah sareng ‘Aisyah ra.
Saodah kacida yakin rehna anjeuna pamohalan tiasa
ngeusi rohang kosong anu dikantunkeun ku Khodijah ra. Namung, anjeuna tetep
usaha satekah polah sangkan tiasa ngeusi rumah tanggi anu pinuh ku barokah eta
ku katengtreman, kabingahan kalih kabagjaan. Saodah ra. salawasna usaha ngahampangkeun
perkara anu janten beungbeurat Rosululloh Saw. nalika mayunan
gogoda-gogoda kaum musyrikin. Anjeuna ngalalakonkeun patali anu kaalaman salami
linggih di Habasyah oge nguningakeun kalawan eces sadidintena murangkalih
anjeuna Saw., Ruqoyyah ra. sareng carogena, ‘Utsman bin ‘Affan ra.
anu masih linggih di ditu. Saodah uninga rehna Rosululloh Saw. kalintang
bingahna ngadangu iber ngeunaan aranjeuna duaan jeung sok resep nampina. Tah eta
kumaha Saodah ra. tiasa ngabageakeun Rosululloh Saw.
Salawasna Bagja
Saodah ra. teras nyarengan Nabi Saw. Anjeuna
ngumangetan dirina pikeun milari langkung seueur deui pangajaran, akhlak, elmu
jeung kasabaran ti Nabi Saw. Ieu perkawis ngajantenkeun anjeuna
salawasna bagja. Saodah ra. pipanteseun bagja, alatan anjeuna salawasna
aya di sagedengeun Rosululloh Saw. Demi Alloh, unggal jalma di antawis
urang sadaya pinasti miharep tiasa ngimpen ninggali Nabi Saw., sanaos
mung sakali. Lajeng, kumaha anu unggal waktos hirup nyarengan anjeuna Saw kalih
gunem catur sareng anjeuna?
Saenyana, Saodah ra. henteu kantos
ngabayangkeun baris janten Ummul Mu’minin kalih garwa ti manusa anu pangagungna
salalawasna. Namung, nyaeta kurnia Alloh anu dipaparinkeun-Na ka saha bae anu
dipikarep-Na. Alloh anu Maha Maparin anugerah anu ageung.
Nyawang Ingetan Wanci Baheula
Saodah ra. salawasna ninggalikeun sikep anu
kalintang pinujina di palinggihan Rosululloh Saw. Dina hiji waktos, Ruqoyyah
binti Rosululloh Saw. kalih carogena, ‘Utsman bin ‘Affan sumping di
Makkah saparantosna linggih sakitu lamina di nagri hijrah, Habasyah. Rutret Ruqoyyah
ka ditu ka dieu nalungtik sabudeureun padumukan anu kalintang agungna eta, padumukan
ibuna, Khodijah ra. Padumukan anu parantos maparinan ka anjeuna
emutan-emutan anu pangendahna sajeroning kahirupana. Padumukan kajujuran jeung
kaikhlasan. Manah Ruqoyyah ngagolotrok kalawan paraosan anu sagala aya bari
henteu puguh. Aya paraosan sono, reueus, ajrih, gumbira, sedih, hariwang jeung
tengtrem.
Ruqoyyah ngetrok panto. Kalawan gancang, iber
sumpingna Ruqoyyah kalih ‘Utsman sumebar ka mamani. Ummu Kultsum kalih Fatimah
gura-giru kana panto kalih silih tangkeup. Adi lanceuk eta henteu wasa nahan ci
soca. Pangalaman-pangalaman wanci baheula kaemut deui dina manah kalih emutan
aranjeuna. Mulihna ibu anu salami ieu mikanyaah aranjeuna beuki nyeureudeut
kana qolbu. Nya hing aranjeuna ceurik eungeuriheun.
Kalawan lengkah-lengkah anu abot, Saodah ra. nepangan
aranjeuna. Anjeuna ngawilujengkeun sumping ka Ruqoyyah kalih carogena, ‘Utsman ra.
Wangkid harita keneh, Saodah ra. emut deui kana pangalaman-pangalamana
salami hijrah nyarengan kaom muslimin anu lianna. Anjeuna tumaros ka Ruqoyyah
kalih ‘Utsman ngeunaan kaayaan jalma-jalma anu masih linggih di Habasyah. Nalika
masih linggih keneh di Habasyah, Saodah ra. langkung seueur nyeepkeun
waktos sareng Ruqoyyah, Khoulah binti Hakim kalih istri-istri anu lianna pikeun
nyarioskeun kamajengan Islam jeung kaayaan Rosululloh Saw.
Rosululloh Saw. oge ngadangu iber rehna Ruqoyyah
ra. kalih ‘Utsman ra. parantos sumping di Makkah. Mangka, anjeuna
enggal mulih kalih ngawilujengkeun aranjeuna kalawan pameunteu anu marahmay
jeung katawis kalintang bingahna. Anjeuna henteu wasa nyumputkeun kasonona anu
kalintang badagna, antukna langsung bae ngagabrug murangkalihna anu istri,
Ruqoyyah ra. kalawan pageuh, lajeng ngeukeupan ‘Utsman ku dua pananganana.
Saparantosna kaayaan parantos tengtrem, aranjeuna calik jeung ngadangukeun
carita Ruqoyyah kalih ‘Utsman perkawis lalakon hijrah, nagri Habasyah, kaom
muslimin anu masih aya di ditu, kalih Najasyi. Sakapeung, Saodah ra. ngiring
nimbrung jeung ngiring ngalalakonkeun nu kaalaman ku anjeuna di nagri Habasyah.[9]
Hijrah ka Madinah
Nalika kajahatan anu dipilampah ku kaom musyrik
Quraisy ka shohabat-shohabat Rosululloh Saw. beuki ngaronjat, anjeuna Saw.
ngawidian aranjeuna hijrah ka Madinah kalih linggih sareng kaom Ansor anu
kagungan sipat mulya, sapertos anu diuningakeun ku Alloh swt.,
وَالَّذِينَ تَبَوَّؤُا الدَّارَ وَالْإِيمانَ مِنْ قَبْلِهِمْ يُحِبُّونَ
مَنْ هاجَرَ إِلَيْهِمْ وَلا يَجِدُونَ فِي صُدُورِهِمْ حاجَةً مِمَّا أُوتُوا
وَيُؤْثِرُونَ عَلى أَنْفُسِهِمْ وَلَوْ كانَ بِهِمْ خَصاصَةٌ وَمَنْ يُوقَ شُحَّ
نَفْسِهِ فَأُولئِكَ هُمُ الْمُفْلِحُونَ.
Jeung jalma-jalma anu geus maratuh (di Madinah) turta
geus ariman samemeh datangna muhajirin, maranehna mikaasih ka sing saha anu
hijrah ka maranehna, sarta henteu aya pamrih tina saniskara anu dibikeun ka
muhajirin, sarta maranehna ngelehan maneh sanajan maranehna oge barutuh; jeung
sing saha anu disalametkeun tina kakoretan dirina, nya maranehna jalma-jalma
anu baragja. Qs. Al-Hasyr
[59]: 9.
Saparantosna kaseueuran shohabat parantos hijrah ka
Madinah, Rosululloh Saw. nyusul aranjeuna pikeun ngawangun nagara Islam
anu baris janten mercusuar anu nyaangan sakumna alam. Saparantosna tumetep sababaraha
waktos, Rosululloh Saw. ngintun Zaid kalih badegana, Abu Rofi’ bari dibekelan
dua onta jeung artos ageungna 500 dirham. Aranjeuna angkat ka Makkah pikeun
nyampeur Fatimah, Ummu Kultsum, Saodah binti Zam’ah, Ummu Aiman kalih Usamah
murangkalihna Zaid.[10]
Nampi Barokah Henteu Aya Kendatna
Saodah ra. tumetep di Madinah nyarengan Nabi Saw.
Henteu lami ti dinya, Nabi Saw. ngawangun rumah tanggi sareng ‘Aisyah
ra. ‘Aisyah ra. kalintang nyaahna ka Saodah ra., antukna
henteu aneh upami seueur iber anu ngalalakonkeun patula-patali aranjeuna duaan.
Anugerah kalih barokah teras sumping ti
pertikahan-pertikahan Rosululloh Saw. salajengna, dugikeun ka rengrengan
kamulyaan ieu janten sampurna. Estu, aranjeuna ngawujudkeun rumah tanggi anu
mulya jeung pinuh barokah. Alloh parantos ngaicalkeun kokotor ti aranjeuna
jeung ngabersihan aranjeuna sasuci-sucina. Alloh maparinan barokah kalih
anugerah anu kalintang seueurna sangkan padumukan-padumukan kalih pangeusina
eta janten srangenge anu nyaangan jalan sakumna manusa nuju ka Alloh ‘Azza
wa Jalla.
Mayunkeun Jalma anu Lian
Saodah ra. salawasna usaha satekah polah pikeun
ngajantenkeun gumbira Rosululloh Saw., sok sanaos kedah ngorbankeun
kabagjaan dirina. Anjeuna uninga pisan rehna istri anu pangdipikacinta ku
anjeuna Saw. tina sakumna garwa-garwana teh nyaeta ‘Aisyah ra. Kumargi
kitu, anjeuna hoyong pisan ngabageakeun manah anjeuna ti palih dieu, nyaeta maparinkeun
bagean dintenan kilirna ka ‘Aisyah ra. pikeun ngahontal karidloan
Rosululloh Saw.
‘Aisyah ra. sasanggem, “Upama Rosululloh Saw.
maksad ngayakeun panyabaan anu tebih (sapar), anjeuna salawasna nga-undi
garwa-garwana. Saha anu kaluar namina, mangka anjeuna anu baris nyarengan Nabi Saw.
dina panyabaan eta. Lian ti eta, anjeuna oge ngagilir garwa-garwana unggal
sadinten sawengi, kacabi Saodah. Anjeuna maparinkeun dintenan kilirna ka ‘Aisyah,
garwa Nabi Saw., pikeun ngabingahkeun Rosululloh Saw.” (Hr. al-Bukhoriy)[11]
‘Urwah nguningakeun rehna ‘Aisyah ra. sasanggem,
“Nun murangkalih dulur istri kuring, Rosululloh Saw henteu kantos
ngabentenkeun bagean antawis abdi sadaya
(garwa-garwa Nabi Saw., penj.), kalebet ngabagi kilir linggih sareng
abdi sadaya. Kalintang langkina anjeuna nguriling ka sadaya garwana. Anjeuna sumping
ka aranjeuna saurang-saurang bari henteu sapatemon, tug dugi ka garwa anjeuna
anu kenging kilir kalih ngawengi di padumukanana.”
Nalika yuswa Saodah ra. beuki sepuh sarta hariwang
Rosululloh Saw baris ngapirak anjeuna, anjeuna sasanggem ka Nabi Saw.,
“Nun Rosululloh Saw., sim kuring maksad maparinkeun dintenan kilir ka
‘Aisyah.” Rosululloh Saw nampi. ‘Aisyah nguningakeun, “Patali jeung kajantenan
ieu, kalih kajantenan-kajantenan anu sami, pangemut abdi (Mahmud al-Mishri),
eta loyog sareng dawuhan Alloh Swt.,
وَإِنِ امْرَأَةٌ خافَتْ مِنْ بَعْلِها نُشُوزاً أَوْ إِعْراضاً فَلا
جُناحَ عَلَيْهِما أَنْ يُصْلِحا بَيْنَهُما صُلْحاً وَالصُّلْحُ خَيْرٌ
وَأُحْضِرَتِ الْأَنْفُسُ الشُّحَّ وَإِنْ تُحْسِنُوا وَتَتَّقُوا فَإِنَّ اللَّهَ
كانَ بِما تَعْمَلُونَ خَبِيراً.
Jeung upama hiji awewe ngarasa hariwang bisi salakina
(nusyuz) embungeun malire jeung bisi salakina ngabalieur, taya halanganana maranehna
duaan masinikeun karapihan antara maranehna, karana karapihan teh kacida
hadena, sanajan hate teh dibere tabeat koret. Jeung lamun maraneh hade lampah
sarta takwa, saestuna Alloh teh Maha Uninga kana saniskara anu dilampahkeun ku
maraneh.” Qs. An-Nisa
[4]: 128.
‘Aisyah ra. Muji ka Saodah ra.
Sikep itsar (langkung mayunkeun jalma anu lian)
anu kalintang saena kalih langki pisan kajantenan di antawis istri eta
ngajantenkeun ‘Aisyah ra. kalintang reueusna, dugikeun ka anjeuna mindeng
pisan muji Saodah ra. ku pamujian anu sesah diungkabkeun.
‘Aisyah ra. berkata, “Sim kuring henteu kantos
mendakan saurang istri anu langkung dipikaresep upama seug sim kuring janten
dirina, lian ti Saodah binti Zam’ah. Saurang istri anu kakuatan ruhna kalintang
saena.”
Nalika yuswana beuki sepuh, anjeuna nyanggakeun
dintenan kilirna sareng Rosululloh Saw.
ka ‘Aisyah ra. Saodah sasanggem, “Nun Rosululloh Saw., sim
kuring maksad masrahkeun dintenan kilir sim kuring sareng anjeun ka ‘Aisyah.” Ti
kawit harita, Rosululloh Saw. ngakilir ‘Aisyah salami dua dinten. Sadinten
hak ‘Aisyah jeung sadinten deui hak Saodah anu dipaparinkeun ka anjeuna. Hr.
Muslim.[12]
Wallohu A’lam.
[1]
Dicutat tina Shohaabiyyaat Haulir Rosuul, seratan Syaikh Mahmud
al-Mishri; judul kalih alih basa ku Hanafi Anshory.
[2]
Ash-Haabur Rasuul, Mahmud al-Mishri. Vol. 1., kaca.
58-59.
[3]
Ibnu Ishaq ngariwayatkeun ieu
lalakon henteu aya sanadna. Ibnu Katsir nyubat-nyabit ieu lalakon dina kitab Al-Bidayah
wan Nihaayah, vol. 3 kaca. 66. Dicutat tina as-Siiroh an-Nabawiyyah, Ibnu
Hisyam, vol 1, kaca. 266.
[4]
Fiqhus Siroh, al-Ghozali, kaca. 124.
[5]
Nisaa’ Ahlil Bait, kaca. 80-81.
[6]
Al-Haitsami sasanggem dina
kitab Majma’uz Zawaaid, no. 15285, “Hadis ieu diriwayatkeun ku
ath-Thobroni. Unggal rowina teh rowi kitab ash-Shohih, lian ti Muhammad
bin ‘Amr bin ‘Alqomah. Anjeuna dipeunteun hasanul hadits.”
[7]
Al-Haitsami nguningakeun dina
kitab Mazma’uz Zawaa’id, no. 15786, “Diriwayatkeun ku Ahmad. Dina sababaraha
bagean Ahmad nguningakeun kalawan jentre rehna riwayatna nyambung (muttashil)
ka ‘Aisyah ra., namung, seuseueurna mah mursal. Di antawis para
rowina teh aya Muhammad bin ‘Amr bin ‘Alqomah. Anjeuna dipeunteun tsiqoh ku seueur
ulama hadis. Anapon rowi-rowi anu lianna mah rowi-rowi kitab ash-Shohih.”
[8]
Al-Haitsami nguningakeun dina
kitab Majma’uz Zawaa’id, no. 15340, “Diriwayatkeun ku ath-Thobroni. Sadaya
rowina tsiqoh.”
[9]
Nisaa’ Ahlil Bait, kaca. 89-90, kalawan aya robih dina redaksionalna.
[10]
Ath-Thobaqoot, Ibnu Sa’ad, vol. 1 kaca. 237-238.
[11]
Diriwayatkeun ku al-Bukhoriy, no. 2593, kitab al-Hibah wa Fadluhaa wat
Tahriidh ‘Alaihaa, bab “Hibatul Mar’ah Lighairi Zaujihaa wa ‘Itquhaa in
Kaana Lahaa Zauj…”, dan Abu Dawud, no. 2137.
[12]
Diriwayatkeun ku Muslim, no. 1463, kitab Ar-Radhaa’, bab “Jawaaz
Hibatihaa Aubatahaa li Dharratihaa”.
Imam an-Nawawi sasanggem, “Ungkaban,
‘Nalika yuswana beuki sepuh, anjeuna maparinkeun dinten kilirna sareng
Rosululloh Saw. ka garwa carogena anu lian, kumargi eta mangrupikeun
hakna. Mung disyaratkeun carogena kersa ridlo sareng anjeuna, Saodah, kumargi
anjeuna kagungan hak anu kedah dilaksanakeun ku istri anu dipaparinan dintenan
kilirna, antukna eta hak teh henteu kenging leupas iwalti dumasar karidloanana…’.”
Posting Komentar
Terima kasih telah berkomentar, kritik dan saran yang membangun sangatlah diharapkan