الْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِي خَلَقَ
السَّمَاوَاتِ وَالْأَرْضَ وَجَعَلَ الظُّلُمَاتِ وَالنُّورَ ثُمَّ الَّذِينَ
كَفَرُوا بِرَبِّهِمْ يَعْدِلُون.
Sagala puji kagungan Allah anu ngayugakeun pirang-pirang
langit katut bumi sarta midamel anu paroék jeung nu caang, tapi jalma-jalma
kapir mah nyarékatkeun (naon-naon) ka Pangéranna. Qs. Al-An’am [6]: 1
هُوَ الَّذِي خَلَقَكُمْ مِنْ طِينٍ ثُمَّ
قَضَى أَجَلًا وَأَجَلٌ مُسَمًّى عِنْدَهُ ثُمَّ أَنْتُمْ تَمْتَرُونَ.
Anjeunna anu ngayugakeun maranéh tina taneuh, tuluy
Anjeunna anu nangtukeun ajal (maot) jeung aya deui ajal anu ditangtukeun
(dihudangkeun ti kubur) anu aya di Anjeunna, tapi maranéh masih kénéh mangmang
waé. Qs. Al-An’am: 2.
وَهُوَ اللَّهُ فِي السَّمَاوَاتِ وَفِي
الْأَرْضِ يَعْلَمُ سِرَّكُمْ وَجَهْرَكُمْ وَيَعْلَمُ مَا تَكْسِبُون.
Jeung nya Anjeunna Allah, boh di
langit boh di bumi. Anjeunna uningaeun kana saniskara anu dirasiahkeun ku maranéh
jeung anu ku maranéh ditembrakkeun, jeung uningaeun kana saniskara anu ku maranéh
diusahakeun. Qs. Al-An’am:
3.
يَقُول اللَّه
تَعَالَى مَادِحًا نَفْسه الْكَرِيمَة وَحَامِدًا لَهَا عَلَى خَلْقه السَّمَوَات
وَالْأَرْض قَرَارًا لِعِبَادِهِ.
Allah muji diri-Na anu
Maha Mulya margi parantos ngayugakeun mangpirang-pirang langit jeung bumi
minangka buktos pikeun hamba-hamba-Na,
وَجَعَلَ الظُّلُمَات وَالنُّور مَنْفَعَة
لِعِبَادِهِ فِي لَيْلهمْ وَنَهَارهمْ فَجَمَعَ لَفْظ الظُّلُمَات وَوَحَّدَ لَفْظ
النُّور لِكَوْنِهِ أَشْرَف كَقَوْلِهِ تَعَالَى:
ogé Mantenna parantos ngajantenkeun mangpirang-pirang poék
jeung hiji caang kamangpaatan pikeun hamba-hamba-Na, sapertos di peuting jeung beurangna.
- Lafaz "dzulumat" dianggé dina wujud jama’, sedengkeun lafaz
"nur" dianggé dina wujud tunggal, sabab cahaya leuwih mulya
tibatan poék. Sakumaha anu disebut dina dawuhan Allah:
عَنِ الْيَمِينِ وَالشَّمَائِلِ
…ka katuhu jeung ka sababaraha kénca… (Qs.
An-Nahl [16]: 48)
وَأَنَّ هَذَا صِرَاطِي مُسْتَقِيمًا
فَاتَّبِعُوهُ وَلا تَتَّبِعُوا السُّبُلَ فَتَفَرَّقَ بِكُمْ عَنْ سَبِيلِهِ.
Jeung ieu téh jalan Kaula anu lempeng, ku kituna kudu
narurut ka dinya, jeung poma arandika ulah nuturkeun jalan-jalan (anu lian),
karana jalan-jalan étamah ngaburantakkeun arandika tina jalan-Na… (Qs.
Al-An'am [6]: 153)
ثُمَّ الَّذِينَ كَفَرُوا بِرَبِّهِمْ
يَعْدِلُونَ
…tapi jalma-jalma kapir mah nyarékatkeun (naon-naon) ka
Pangéranna. (Qs. Al-An'am [6]: 1)
أَيْ وَمَعَ هَذَا كُلّه كَفَرَ بِهِ
بَعْض عِبَاده وَجَعَلُوا لَهُ شَرِيكًا وَعَدْلًا وَاِتَّخَذُوا لَهُ صَاحِبَة
وَوَلَدًا تَعَالَى اللَّه عَزَّ وَجَلَّ عَنْ ذَلِكَ عُلُوًّا كَبِيرًا.
Nyaéta sanajan kitu, aya ogé sababaraha hamba-hamba-Na
anu kafir ka Allah sareng nyarékatkeun jeung ngayakeun babandingan pikeun
Mantenna, sarta ngajarantenkeun istri katut anak pikeun Anjeunna. Maha luhung
Allah anu Maha gagah tur Maha mulya tina éta sadayana kalayan kaluhungan anu
pangluhurna.
هُوَ الَّذِي خَلَقَكُمْ مِنْ طِينٍ
Anjeunna anu ngayugakeun maranéh tina taneuh…
(Qs. Al-An'am [6]: 2)
يَعْنِي أَبَاهُمْ آدَم الَّذِي هُوَ
أَصْلهمْ وَمِنْهُ خَرَجُوا فَانْتَشَرُوا فِي الْمَشَارِق وَالْمَغَارِب.
Nyaéta bapa maranéhanana sadayana, nyaéta Nabi Adam;
anjeunna anu asalna, sarta ti dinya maranéhna nyebar ka sababaraha wétan jeung sababaraha kulon.
ثُمَّ قَضَى أَجَلا وَأَجَلٌ مُسَمًّى
عِنْدَهُ
…tuluy Anjeunna anu nangtukeun ajal (maot) jeung aya deui
ajal anu ditangtukeun (dihudangkeun ti kubur) anu aya di Anjeunna…
(Qs. Al-An'am [6]: 2)
قَالَ سَعِيد بْن جُبَيْر عَنْ اِبْن
عَبَّاس " ثُمَّ قَضَى أَجَلًا " يَعْنِي الْمَوْت " وَأَجَل
مُسَمًّى عِنْده " يَعْنِي الْآخِرَة.
Sa’id ibnu Jubair sasanggem ti Ibnu Abbas, yén anu dimaksad
ku ajal kahiji nyaéta maot, sedengkeun anu kadua dimaksadkan nyaéta katangtosan
pikeun hirup deui di ahérat.
وَهَكَذَا رُوِيَ عَنْ مُجَاهِد
وَعِكْرِمَة وَسَعِيد بْن جُبَيْر وَالْحَسَن وَقَتَادَة وَالضَّحَّاك وَزَيْد بْن
أَسْلَمَ وَعَطِيَّة وَالسُّدِّيّ وَمُقَاتِل بْن حَيَّان وَغَيْرهمْ
Perkawis ieu
[sami]
anu diriwayatkeun ti Mujahid, Ikrimah, Sa'id ibnu Jubair, Al-Hasan, Qatadah,
Ad-Dahhak, Zaid ibnu Aslam, Atiyyah, As-Saddi, sareng Muqatil ibnu Hayyan
sareng anu sanésna.
وَقَوْل الْحَسَن فِي رِوَايَة عَنْهُ
" ثُمَّ قَضَى أَجَلًا" وَهُوَ مَا بَيْن أَنْ يُخْلَق إِلَى أَنْ
يَمُوت " وَأَجَل مُسَمًّى عِنْده " وَهُوَ مَا بَيْن أَنْ يَمُوت إِلَى
أَنْ يُبْعَث هُوَ يَرْجِع إِلَى مَا تَقَدَّمَ.
Numutkeun kamandang Al-Hasan Al-Basri, anu dimaksad ku
ajal kahiji nyaéta 'Waktos antawis ti diyugakeun dugi ka maot'. Anapon anu
dimaksad ku ajal kadua nyaéta waktos antarawis maot dugi ka dibangkitkeun deui. Kamandang ieu sami sareng kamandang sateuacana.
وَهُوَ تَقْدِير الْأَجَل الْخَاصّ وَهُوَ
عُمْر كُلّ إِنْسَان وَتَقْدِير الْأَجَل الْعَامّ وَهُوَ عُمْر الدُّنْيَا
بِكَمَالِهَا ثُمَّ اِنْتِهَائِهَا وَانْقِضَائِهَا وَزَوَالهَا وَانْتِقَالهَا
وَالْمَصِير إِلَى الدَّار الْآخِرَة.
Katangtosan
ajal anu kahiji khusus ngeunaan umur sewing-sewangan jalma; anapon katangtosan ajal
anu kadua umum ngeunaan umur dunya sakumna; lajeng séép umur dunya, sarta leungit
jeung mulang ka alam ahérat.
وَعَنْ اِبْن عَبَّاس وَمُجَاهِد: ثُمَّ
قَضَى أَجَلا، يَعْنِي مُدَّة الدُّنْيَا.
Katampi
ti Ibnu ‘Abbas kalih Mujahid, “… tuluy Anjeunna anu nangtukeun ajal …” (Al-An’am:
2), nyaéta umur dunya.
وَأَجَلٌ مُسَمًّى عِنْدَهُ، يَعْنِي
عُمْر الْإِنْسَان إِلَى حِين مَوْته.
“…jeung aya
deui ajal anu ditangtukeun anu aya di Anjeunna…” (Qs. Al-An'am: 2), nyaéta
umur jalma nepi ka maotna.
وَكَأَنَّهُ مَأْخُوذ مِنْ قَوْله تَعَالَى
بَعْد هَذَا " وَهُوَ الَّذِي يَتَوَفَّاكُمْ بِاللَّيْلِ وَيَعْلَم مَا
جَرَحْتُمْ بِالنَّهَارِ " الْآيَة.
Kaya-kaya ta’wil ieu asalna tina pengertosan anu ngancik
dina ayat salajengna anu nyebatkeun: “…Jeung nya Anjeunna anu nyampurnakeun
maranéh ti peuting, jeung Anjeunna uninga kana saniskara anu diusahakeun ku
maranéh ti beurang…” (Qs. Al-An'am: 60), nepi ka akhir ayat.
وَقَالَ عَطِيَّة عَنْ اِبْن عَبَّاس
" ثُمَّ قَضَى أَجَلًا " يَعْنِي النَّوْم يَقْبِض فِيهِ الرُّوح ثُمَّ
يَرْجِع إِلَى صَاحِبه عِنْد الْيَقَظَة. " وَأَجَل مُسَمًّى عِنْده "
يَعْنِي أَجَل مَوْت الْإِنْسَان وَهَذَا قَوْل غَرِيب.
Atiyyah sasanggem ti Ibnu Abbas ngeunaan ma’na, “… tuluy
Anjeunna anu nangtukeun ajal …” (Al-An’am: 2) nyaeta kulem. Dina kulem roh
hiji jalma dimaotkeun, lajeng balik deui ka anjeunna nalika gugah tina kulemna.
Sareng aya deui hiji ajal anu ketentuanna aya di sisi-Na (Al-An'am: 2), nyaéta
batas umur jalma. Nanging, kamandang ieu dipeunteun ghorib.
وَمَعْنَى قَوْله " عِنْده "
أَيْ لَا يَعْلَمهُ إِلَّا هُوَ كَقَوْلِهِ " إِنَّمَا عِلْمهَا عِنْد رَبِّي
لَا يُجَلِّيهَا لِوَقْتِهَا إِلَّا هُوَ "
Anapon ma’na dawuhan Mantenna, “…anu aya di Anjeunna…”
(Al-An'am: 2) nyaeta henteu aya anu uninga anging Anjeunna, sakumaha
dawuhan-Na, “…Saestuna pangaweruh perkara eta mah taya deui ngan aya di
Pangeran kaula; moal aya anu bisa nerangkeun kana waktuna kajaba Anjeunna…” Qs.
Al-A’raf [7]: 187.
وَكَقَوْلِهِ" يَسْأَلُونَك عَنْ
السَّاعَة أَيَّانَ مُرْسَاهَا فِيمَ أَنْتَ مِنْ ذِكْرَاهَا إِلَى رَبّك
مُنْتَهَاهَا "
Jeung sakumaha dawuhan-Na, “Maranehna baris nanyakeun
ka maneh (Muhammad) iraha bakal kajadianana kiamat. Kumaha bisana maneh
nerangkeunana. Ngan Pangeran maneh, nu uninga pamustunganana.” Qs. An-Nazi’at
[79]: 42-44.
وَقَوْله تَعَالَى " ثُمَّ أَنْتُمْ
تَمْتَرُونَ " قَالَ السُّدِّيّ وَغَيْره : يَعْنِي تَشُكُّونَ فِي أَمْر
السَّاعَة.
Sarta dawuhan Mantenna Ta’ala, “…tapi maranéh masih kénéh
mangmang waé.” Qs. Al-An’am [6]: 2, Numutkeun As-Suddiy sareng anu sanés,
ma’na anu dimaksad nyaéta, lajeng aranjeun mangmang ngeunaan poé kiamat.
وَقَوْله تَعَالَى " وَهُوَ اللَّه
فِي السَّمَوَات وَفِي الْأَرْض يَعْلَم سِرّكُمْ وَجَهْركُمْ " اِخْتَلَفَ
مُفَسِّرُو هَذِهِ الْآيَة عَلَى أَقْوَال بَعْد اِتِّفَاقهمْ عَلَى إِنْكَار
قَوْل الْجَهْمِيَّة الْأُوَل الْقَائِلِينَ تَعَالَى عَنْ قَوْلهمْ عُلُوًّا
كَبِيرًا بِأَنَّهُ فِي كُلّ مَكَان حَيْثُ حَمَلُوا الْآيَة عَلَى ذَلِك.
Anapon dawuhanNa, “Jeung nya Anjeunna Allah, boh di langit boh di bumi. Anjeunna
uningaeun kana saniskara anu dirasiahkeun ku maranéh jeung anu ku maranéh
ditembrakkeun,…” (Al-An'am: 3) Para
ulama tafsir benten pamadegan dina ngahartoskeun ayat ieu janten sababaraha kamadang
saparantos aranjeunna sapuk pikeun nolak kamandang golongan Jahmiyah anu nyebatkeun
yén Allah aya di sagala tempat.
فَالْأَصَحّ مِنْ الْأَقْوَال أَنَّهُ
الْمَدْعُوّ اللَّه فِي السَّمَوَات وَفِي الْأَرْض أَيْ يَعْبُدهُ وَيُوَحِّدهُ
وَيُقِرّ لَهُ بِالْإِلَهِيَّةِ مَنْ فِي السَّمَوَات وَمَنْ فِي الْأَرْض
وَيُسَمُّونَهُ اللَّه وَيَدْعُونَهُ رَغَبًا وَرَهَبًا إِلَّا مَنْ كَفَرَ مِنْ
الْجِنّ وَالْإِنْس وَهَذِهِ الْآيَة عَلَى هَذَا الْقَوْل كَقَوْلِهِ تَعَالَى:
Kamandang anu pangsohihna nyebatkeun yén Anjeunna anu digero
di langit jeung di bumi, nyaéta Pangéran anu disembah sareng ditauhidkeun.
Sadaya makhluk di langit jeung di bumi ngangken ka Anjeunna salaku Pangéran,
aranjeunna sadayana ngaluhungkeun ka Alloh jeung ngadaru’a kalayan rasa harepan
sareng sieun, kajaba jalma kafir tina golongan jin sareng manusa. Ta’wil
sapertos ieu sami sareng ma’na anu aya dina ayat séjén, nyaéta dawuhNa:
" وَهُوَ الَّذِي فِي السَّمَاء إِلَه وَفِي الْأَرْض إِلَه
" أَيْ هُوَ إِلَه مَنْ فِي السَّمَاء وَإِلَه مَنْ فِي الْأَرْض.
Jeung nya Anjeunna, Pangeran di langit pon kitu deui Pangeran
di bumi, … (Az-Zukhruf [44]: 84) nyaeta Mantenna Pangeran pikeun
saha bae anu aya di langit jeung Pangeran pikeun saha bae anu aya di bumi.
وَعَلَى هَذَا فَيَكُون قَوْله "
يَعْلَم سِرّكُمْ وَجَهْركُمْ " خَبَرًا أَوْ حَالًا.
Kumargi kitu, ma’na dawuhan Allah Swt., “…Anjeunna uningaeun kana saniskara anu dirasiahkeun ku
maranéh jeung anu ku maranéh ditembrakkeun
…” qs. Al-An’am [6]: 3, Nyaéta salaku
kalimat iber atanapi katerangan kaayaan.
وَالْقَوْل الثَّانِي " أَنَّ
الْمُرَاد أَنَّهُ اللَّه الَّذِي يَعْلَم مَا فِي السَّمَوَات وَمَا فِي الْأَرْض
مِنْ سِرّ وَجَهْر فَيَكُون قَوْله يَعْلَم مُتَعَلِّقًا بِقَوْلِهِ "فِي
السَّمَوَات وَفِي الْأَرْض" تَقْدِيره وَهُوَ اللَّه يَعْلَم سِرّكُمْ
وَجَهْركُمْ فِي السَّمَوَات وَفِي الْأَرْض وَيَعْلَم مَا تَكْسِبُون.
Kamandang kadua nyebatkeun yén ma’na anu dimaksad nyaéta
'Anjeunna Allah anu uninga sagala anu aya di langit sareng di bumi, nyaéta
sagala anu nyamuni sareng anu katingali'. Numutkeun ta’wil ieu, mangka lafaz "ya'lamu"
(uninga) ngantét ka dawuhanNa, “…boh di langit boh di bumi
…” (Al-An'am: 3), béjér béasna nyaéta
yén Anjeunna Allah anu uninga rusiah aranjeun sareng lahiriah aranjeun, boh anu
di langit boh anu di bumi, sareng Anjeunna uninga sagala naon anu ku anjeun
usahakeun.
وَالْقَوْل الثَّالِث أَنَّ قَوْله "
وَهُوَ اللَّه فِي السَّمَوَات " وَقْف تَامّ ثُمَّ اِسْتَأْنَفَ الْخَبَر
فَقَالَ " وَفِي الْأَرْض يَعْلَم سِرّكُمْ وَجَهْركُمْ " وَهَذَا
اِخْتِيَار اِبْن جَرِير.
Kamandang katilu nyebatkeun yén dawuhan Allah Swt., ‘Jeung nya Anjeunna Allah, boh di langit…’’
(Al-An'am: 3) diwaqafkeun (dilirén aosanana) sacara sampurna. Teras diawitan ku
iber anyar: “…boh di bumi.
Anjeunna uningaeun kana saniskara anu dirasiahkeun ku maranéh jeung anu ku
maranéh ditembrakkeun,” kamandang ieu
anu dipilih ku Ibnu Jarir.
وَقَوْله " وَيَعْلَم مَا
تَكْسِبُونَ " أَيْ جَمِيع أَعْمَالكُمْ خَيْرهَا وَشَرّهَا.
dawuhanNa, “…jeung uningaeun kana saniskara anu ku maranéh diusahakeun.” (Al-An'am: 3) nyaéta uninga sagala amal aranjeun, anu hadé jeung anu goréngna. (al-Hafidz, Tafsir Ibnu Katsir, 5: 434) Wallahu A'lam.
Posting Komentar
Terima kasih telah berkomentar, kritik dan saran yang membangun sangatlah diharapkan