BAROKAH AISYAH ULAMA SHOHABIYYAH [1]

 

BAROKAH ‘AISYAH, ULAMA SHOHABIYYAH

Ummul Mu’minin Rodliyallohu ‘Anha

Urang neras ngaléngkah ka payun bari neuleuman langkung tebih kebon anu di dinyana dipelak kembang anu pangéndahna, pikasengsremeun di sakumna dunya. Kembang ieu dipelak di kebon kaimanan kalih dicébor ku cai kokocoran wahyu, antukna hiliwir seungitna pating sumebar sarta kaambeu ti kulon dugikeun ka wétan.

Kembang anu tumuwuh tina watang tangkal anu pinuh barokah. Akarna nanceb kalawan pageuh dina jero taneuh, anapon régangna ngaluhuran ka angkasa dugikeun ka ampir-ampiran antel kana béntang-béntang.

Danget ayeuna, urang sadaya neda widi ka kembang anu berséka tur wening, sarta parantos ngeusi alam raya ieu ku cucuran élmu, pangarti, kazuhudan, kalih waro, pikeun maos lambaran-lambaran lalakon hirupna.

Anjeuna geureuha anu paling dipikacinta ku Rosululloh Saw. saparantos ramana. Anjeuna istri anu parantos nampi karidoan ti dua sepuhna sarta neuleuman wahyu dina mangsa jumeneng nabi. Anjeuna istri anu suci kalih disucikeun, alatan Allah ngawartakeun kasucianana ti tujuh lapis langit. Anjeuna istri anu takwa, suci, ahli waro kalih ahli zuhud. Anjeuna ‘Aisyah binti Abu Bakar Rodliyallohu ‘anha, mugia Alloh maparin karidloan ka anjeuna.

 

DINA PANANGTAYUNGAN KAMULYAAN

Sateuacan mukakeun kaca-kaca lalakon hirupna anu pinuh ku barokah, urang sadaya baris ngarandeg sakedap pikeun ninggali sababaraha kamulyaan kalih kapunjulan anu ngurilingan pituin ieu tina sababaraha juru.

Carogéna téh manusa anu pangagungna salalawasna, Muhammad bin Abdulloh Saw. anu parantos diutus ku Allah salaku réfléksi kanyaah tur kadeudeuh pikeun sadaya alam.

Ramana nyaéta Abu Bakar ash-Shiddiq ra., manusa anu pangutamina saparantosna para nabi kalih rosul. Anjeuna jalma kadua anu aya di guha jeung jalma anu pangdipikacintana ku Rosululloh Saw.

Abu Sa’id al-Khudri ra., ngariwayatkeun réhna Rosululloh Saw. ngandika, “Sayaktosna jalma anu janten rohmat pangageungna pikeun kaula, boh dina sosobatan boh dina hartana, nyaéta Abu Bakar. Upama seug dikéngingkeun kaula ngangkat saurang kholil, lian ti Pangeran, mangka kaula baris ngajantenkeun Abu Bakar salaku kholil. Namung, kaula mung tiasa ngajantenkeun anjeuna salaku dulur sa-Islam sarta silih pikadeudeuh kalawan ikhlas. Unggal panto padumukan anu nyanghareup ka masjid kedah ditutupan, kajabi panto padumukan Abu Bakar.” Hr. Muttafaq ‘Alaih.

Anas bin Malik ra., ngariwayatkeun réhna Rosululloh Saw. ngandika, “Jalma anu pangmikaasihna di antawis ummat kaula nyaéta Abu Bakar, anu pangpageuhna nanjeurkeun paréntah Alloh nyaéta Umar, anu kaisina pangsaéna nyaéta Utsman, sarta anu pangeuceusna dina ngaréngsékeun pasualan nyaéta Ali…” Hr. Ahmad.

Dina riwayat lian diuningakeun réhna Rosululloh Saw. ngandika, “Jalma anu paling nyaahan di antawis ummat kaula nyaéta Abu Bakar …” Hr. Abu Ya’la ti Ibnu Umar.

Abu Sa’id al-Khudri ra., ngariwayatkeun réhna Nabi Saw. ngandika, “Jalma-jalma pangeusi (sawarga) anu darajatna luhur tiasa ninggali ka jalma-jalma anu luhureunana sakumaha aranjeun ninggali béntang di langit. Sayaktosna Abu Bakar kalih Umar kalebet golongan aranjeuna sarta parantos nampi kani’matan anu ageung.” Hr. Ahmad, Tirmidzi, Ibnu Majah, dll.

Nabi Saw. ngandika, “Unggal jalma anu ageung kasaéan ka kaula, parantos diwales kalawan sarimbag, kajabi Abu Bakar ash-Shiddiq. Sayaktosna anjeuna kagungan palayanan ka kaula anu mung wungkul tiasa diwalés ku Alloh dina dintenan kiyamat jaga. Henteu aya jalma anu bandana ageung mangpaatna pikeun kaula sapertos harta anu dipaparinkeun ku Abu Bakar. Upama seug kaula dikéngingkeun ngangken kholil ti manusa, mangka kaula baris ngajantenkeun Abu Bakar salaku kholil kaula. Masing uninga sobat anjeun ieu (Rosululloh Saw.) téh kholil-na Alloh.” Hr. Tirmidzi.

Ibuna mangrupikeun shohabiyyah anu punjul, nyaéta Ummu Ruman binti ‘Amir ra., Anjeuna téh shohabiyyah anu seueur pisan midamel kasaéan pikeun Islam.

Wargi tegesna anu istri nyaéta Asma’ binti Abu Bakar ra. anu katelah ku landihan Dzaatun Nithooqoin (anu kagungan dua saléndang).

Carogé wargi tegesna anu istri éta dipiwanoh kalawan landihan Hawari (anu ngabéla kalawan satia) Rosululloh Saw., nyaéta Zubair bin Awwam, misan Rosululloh saw. sarta salah sawios tina sapuluh anu dijamin lebet sawarga, sarta jalma munggaran anu bajoang ku pakarang dina jalan Allah.

Aki ti ramana nyaéta Abu Quhafah anu ngiring lebet Islam sarta janten shohabat Rosululloh Saw. Anapon nini ti ramana nyaéta Ummul Khoér, Salma binti Shokhr anu ngiring lebet Islam sarta janten shohabiyyah Rosululloh Saw.

Tilu urang bibi ti ramana kalebet shohabiyyah, nyaéta Ummu ‘Amir, Quroibah kalih Ummu Farwah. Sadayana mangrupikeun marurangkalih Abu Quhafah.

Dulur tegesna anu pameget nyaéta Abdurrohman bin Abu Bakar. Anjeuna mangrupikeun pameget anu ageung wawanén sarta ahli mentang anu kakoncara.

Numawi ieu jujutan kulawarga anu pinuh ku barokah. ‘Aisyah kaluar tina akarna sarta hirup ti antawis cagak-cagakna, antukna tumuwuh mangkang sarta janten kembang anu éndah kacida di sabudeureun manusa.

KAUTAMAAN KALIH KALUNGGUHAN ‘AISYAH RA.

Imam Adz-Dzahabi sasanggem, “‘Aisyah murangkalih pamingpin pangluhungna jalma-jalma anu shiddiq sarta kholifah Rosululloh Saw. al-Qurosyiyyah, at-Taimiyyah, an-Nabawiyyah, indung ti jalma-jalma anu ariman sarta geureuha Nabi Saw. Anjeuna istri anu panglegana élmu jeung pangartina ti antawis sakumna istri ieu ummat.” (Siyar A’laam an-Nubalaa -Biografi Inohong-inohong anu Nyarongcolang-, Adz-Dzahabi, vol. 2 kaca. 135)

‘Aisyah ra. kulitna bodas beresih sarta rarayna geulis kacida dugikeun ka dilandih al-Humairo. Nabi Saw. henteu kantos nikah jeung saurang gadis parawan lian ti ‘Aisyah sarta henteu aya istri anu langkung dipikacinta ku mantenna Saw. iwalti anjeuna, sarta henteu aya istri di ieu ummat (malihan mah sakumna istri di ieu dunya) anu langkung luhung élmuna tibatan ‘Aisyah. Malihan mah, sawatara ulama gaduh kamandang réhna ‘Aisyah langkung utami batan ramana. Namung, kamandang ieu henteu leres. Allah parantos ngayugakeun sagala perkara ku ukuran anu bénten-bénten. Tangtosna, abdi sadaya nyanggakeun panyaksén yén ‘Aisyah téh geureuha Nabi Saw. di dunya tur ahérat, numawi wajar upama abdi sadaya tumaros, manawi aya anu langkung dipikareueus lian ti anjeuna?. (Siyar A’laam an-Nubalaa, Adz-Dzahabi, vol. 2 kaca. 140)

Imam Masruq bin Abdurrohman al-Hamadani al-Kufi rahimahulloh (di antawis ulama pituin tabi’in) sok nyebat ‘Aisyah ku ungkaban, “Sim kuring kantos dipaparinan uninga ku ash-Shiddiqoh binti ash-Shiddiiq (istri anu shiddiq murangkalihna Abu Bakar ash-Shiddiq), habiibatu habiibillaah (istri anu pangdipikaasihna ku kakasih Alloh), istri anu disebatkeun kasucianana dina al-Qur’an.”

Abu Nu’aim al-Ashabahani ngajéntrékeun dina catetanana patali biografi ‘Aisyah ra., “Anjeuna téh istri shiddiq murangkalih Abu Bakar ash-Shiddiq. Istri merdéka murangkalih pameget merdéka. Kaasih ti kakasih Alloh. Istri pangcaketna jeung jalma anu caket sareng saha baé (utusan pangagungna, Muhammad Saw.). Istri anu disucikeun tina sadaya nista. Istri anu bangblas tina karémpan, alatan parantos ninggali Jibril anu diutus ku Alloh. Anjeuna ‘Aisyah, indung pikeun sakumna jalma anu ariman, mugia Alloh ngaridoanana.(al-Hilyah, Abu Nu’aim, vol. 2 kaca. 43)

 

CAHAYANA ISLAM NYAANGAN JAZIRAH ARAB

Ti kawit sateuacan mangsa kanabian, Abu Bakar as. meungkeut sosobatan anu kalintang pageuh jeung Rosululloh Saw. Abu Bakar ra., kalintang sifat-sifat mantenna, kayaning amanah, jujur, luhung budina kalih anu lianna. Sababaraha taun salajengna, cahaya Islam meuntas di cakrawala taneuh Jazirah Arab sarta wahyu turun ka Rosululloh Saw. Khodijah ra. téh jalma munggaran anu ngagem Islam ti kaom istri, anapon Abu Bakar téh jalma munggaran anu ngagemna ti kaom pameget asak yuswa.

Mung sababaraha waktos saparantosna ngébréhkeun kaislamanana, Abu Bakar ra. langsung ilu biung dina da’wah. Anjeuna umajak ka jalma-jalma anu sakurilingna pikeun ngaraoskeun kani’matan anu kahontalna. Gening, hasilna henteu Kiren-kiren, genep tina sapuluh jalma anu kin baris dijamin lebet sawarga nampi da’wah Islam ngalangkunganana, malihan mah sadaya kulawargana ogé sayogi lebet Islam.

‘Aisyah ra. dibabarkeun ka ieu dunya dina kaayaan islami. Anjeuna mendakan dua sepuhna parantos iman ka Alloh. Malihan mah, anjeuna lajeng uninga réhna dirina janten murangkalih saurang jalma anu pangsaéna saparantosna Rosululloh Saw.

‘Aisyah ra. sasanggem, “Nalika sim kuring ngawitan ngartos, mendakan pun bapa kalih pun biang parantos ngagem ieu agama.” (Siyar A’laam an-Nubalaa, Adz-Dzahabi, vol. 2 kaca. 139)

Kumargi kitu, ‘Aisyah tumuwuh dina pamiaraan sepuh anu mulya sarta diageungkeun di kebon anu tatangkalanana dipelak dina taneuh kaimanan jeung dicébor ku panyéboran wahyu. Kalungguhan ramana lir pajeng ageung anu mangpaat pikeun ngiuhan sarta lir tangkal anu pinuh ku barokah. Alatan watang-watangna pendék jeung tuluy buahan sapapanjangna, ku widi Alloh.

Dua sepuh ‘Aisyah ra. teras ngasuh panerusna anu mintonkeun ciri-ciri kaseungitan kalawan taliti tur saé, sok sanaos henteu kantos kagerentes dina émutan aranjeuna réhna hiji dinten jaga, anjeuna baris janten geureuha manusa anu pangagungna salamina sarta janten Ummul Mu’minin salamina, ogé mercusuar élmu pangaweruh salamina kalih di mana baé ayana.

Namung, sadayana gampil pisan pikeun Alloh, alatan upama Mantenna mikarep hiji perkara, mangka Mantenna mung ngadawuh, “Kun (masing jadi!)”, mangka jadi naon perkara anu dipikarep-Na.

 

“MANÉHNA GARWA ANJEUN DI DUNYA KATUT AHÉRAT”

Kaputusan Nabi Saw. pikeun ngadahup jeung ‘Aisyah ra. dumasar kana pituduh wahyu anu sumping ti langit. Rosululloh Saw. kantos ninggali anjeuna dina impénan salami tilu wengi. Dina impénan éta, Jibril sumping kalawan nyandak gambar ‘Aisyah bari pokna, “Ieu téh garwa anjeun di dunya jeung ahérat.” Éstu, kajantenan éta mangrupikeun kamulyaan anu kalintang ageungna pikeun indung urang sadayana, ‘Aisyah ra.

‘Aisyah ra. nguningakeun réhna Rosululloh Saw. ngandika, “Kaula ngimpén salami tilu dinten. Malaikat sumping ka kaula bari nyandak gambar anjeun dina sakeureut kaén sutra bari pokna, ‘Ieu garwa anjeun.’ Lajeng, kaula muka kaén anu nutupan raray anjeun, sing horéng éta téh gambar anjeun. Wangkid harita kaula ngagerentes, upama ieu kahoyong Alloh, mangka pinasti laksana.” (Hr. Muttafaq ‘Alaih)

Ibnu Abu Mulaikah nguningakeun réhna ‘Aisyah ra. sasanggem yén Jibril sumping ka Nabi Saw. (dina impénan) bari nyandak gambarna dina sakeureut kaén sutra héjo bari pokna, “Ieu garwa anjeun di dunya tur ahérat.(Hr. Tirmidzi)

LALAKON PERTIKAHAN ANU PINUH BAROKAH

‘Aisyah ra. sasanggem, “Saparantosna Khodijah ra. tilar dunya, Khoulah binti Hakim bin al-Auqosh, geureuha Utsman bin Madz’un ra., cumarios ka Rosululloh Saw. (wangkid harita masih di Makkah), ‘‘Nun Rosululloh, manawi salira henteu hoyong deui?’. Pok Rosululloh Saw. mariksa, ‘Sareng saha?’. Khoulah ngawaler, ‘Kumaha salira, naha anjeun teh badé nikah ka wanoja atanapi ka randa?’. Nabi Saw tumaros langkung tebih, ‘Upama wanoja, saha jalmina?’. Waler Khoulah, ‘Murangkalih ti jalma anu pangdipikacintana ku anjeun, ‘Aisyah binti Abu Bakar’. Nabi Saw mariksa deui, ‘Upanten randa, saha jalmina?’ Khoulah ngawalon, ‘Saodah binti Zam’ah. Anjeuna parantos iman ka anjeun sarta nuturkeun pangajaran agama anjeun’. Rosululloh Saw ngandika, ‘Upama seug kitu, jung, dugikeun panarosan kaula ka aranjeuna duaan’.”

Khoulah gura-giru angkat ka padumukan Abu Bakar. Di ditu, anjeuna diwilujengkeun ku Ummu Ruman, indung teges ‘Aisyah ra., bari pokna, “Hé Ummu Ruman, éstu ageung kahadéan tur barokah anu ditamplokkeun ku Alloh ka aranjeun. Rosululloh Saw. ngintun sim kuring pikeun ngadugikeun panarosanana ka ‘Aisyah!” Ummu Ruman ngoréjat, anjeuna énggal ngawaler, “Sim kuring bingah kacida ngadanguna. Namung, antos Abu Bakar, sakedap deui anjeuna sumping.”

Saparantosna Abu Bakar sumping, Khoulah sasanggem, “Hé Abu Bakar, éstu ageung kasaéan tur barokah anu ditamplokkeun ku Alloh ka aranjeun. Rosululloh Saw. ngintun sim kuring pikeun ngadugikeun panarosanana ka ‘Aisyah!”

Abu Bakar ogé henteu éléh ngoréjat bari pokna, “Manawi ‘Aisyah kinging nikah sareng anjeuna. Sanésna manéhna téh murangkalih dulurna Saw. ku anjeun?.” Khoulah énggal nepangan Nabi Saw. pikeun ngadugikeun patarosan Abu Bakar. Rosululloh Saw. ngawalon, “Tepangan deui Abu Bakar sarta dugikeun waleran kaula ka anjeuna, ‘Anjeun dulur kaula dina Islam. Kaula tetep dulur anjeun. Murangkalih anjeun kinging nikah jeung kaula’.”

Khoulah ngadugikeun waleran Rosululloh Saw. éta ka Abu Bakar. Saparantosna sadayana jéntré, Abu Bakar sasanggem, “Jung, suhunkeun Rosululloh Saw. sumping ka dieu.” Saparantosna Rosululloh Saw. sumping, mangka Abu Bakar énggal ngadahupkeun murangkalihna ka anjeuna. Wangkid harita sim kuring (‘Aisyah) nembé yuswa 6 taun.” (Al-Haitsami sasanggem dina kitab Majma’uz Zawaaid, no. 15285, Hadis ieu diriwayatkeun ku ath-Thobroni)

Khoulah binti Hakim mangrupikeun istri inohong tur seseg. Anjeuna surti kacida réhna kulawargi Rosululloh Saw. wegah istri anu tiasa ngeusi kosongna sarta nutupan kirangna ku kanyaah, kadeudeuh tur kaasih. Ku anu kaalaman cekap seseg, kamandangna anu seukeut sarta kaimanan anu jero, Khoulah tiasa ngartos kaayaan jiwa, sosial jeung waktos anu ngalimpudan kahirupan jalmi anu dipancénan tugas nyandak risalah, Muhammad Saw., antukna saparantosna diémut langkung tebih, anjeuna nawisan ka Rosululloh Saw. pikeun nikah deui.

Panginten, ku alternatif anu ditawiskeunana, Khoulah ngamaksad nempatkeun jalma anu tiasa ngasuh kulawarga sarta ngurus pasualan rumah tanggi, nyaéta Saodah ra. sarta nempatkeun jalma anu baris tiasa mupus kasedih manah Rosululloh Saw., nyaéta ‘Aisyah ra., lian ti pikeun mageuhan duduluran antawis Rosululloh Saw. sareng Abu Bakar ra.

Imam Adz-Dzahabi sasanggem, “Rosululloh Saw. nikah sareng ‘Aisyah saparantosna Khodijah ra. tilar dunya. Anjeuna nikah sareng ‘Aisyah kalih Saodah dina waktos anu sami, namung sapalinggihan sareng Saodah langkung payun salami tilu taun, lajeng nembé sapalinggihan sareng ‘Aisyah dina sasih Syawal saparantosna kajantenan Perang Badar. Rosululloh Saw. henteu kantos nikah sareng saurang wanoja parawan lian ti ‘Aisyah ra.” (Siyar A’lam an-Nubalaa, vol. 2, 141-142)

GEURA HONTAL KARIDLOAN ALLOH

Jibril nyandak gambar ‘Aisyah ka Rosululloh Saw. kalih maparin uninga réhna anjeuna téh garwana di dunya tur ahérat. Ti wangkid harita, sok sanaos yuswa ‘Aisyah anom kénéh pisan, namung anjeuna parantos ngantos-ngantos mangsa anu pangéndahna nalika lebet ka padumukan Rosululloh Saw. salaku geureuha manusa pangagungna sapanjang jaman kalih indung pikeun sakumna jalma anu ariman salalawasna.

Wangkid harita, Rosululloh Saw. nuju mayunan kaayaan anu kalintang abotna, alatan kajahatan Quraisy ka shohabat-shohabatna neras majeng, antukna anjeuna ngawidian aranjeuna hijrah ka Madinah Munawwaroh sarta linggih di sabudeureun kaom Anshor anu mangrupikeun pribumina sarta parantos iman sateuacan kasumpingan kaom Muhajirin. Henteu lami ti dinya, Rosululloh Saw. nampi widi ti Alloh Swt. pikeun hijrah ka Madinah pikeun ngawangun nagara Islam di nagri anu pinuh ku barokah éta.

HIJRAH ANU PINUH KU BAROKAH

Saparantosna inohong-inohong Quraisy ngadamel kaputusan buleud kalih jahat pikeun maténi Nabi Saw., malaikat Jibril turun bari nyandak wahyu ti Alloh. Jibril maparin uninga ka anjeuna ngeunaan kaputusan konspirasi Quraisy sarta réhna Alloh parantos ngawidian anjeuna pikeun énggal ngantunkeun Makkah. Malihan mah, Jibril nangtoskeun waktosna kalawan jéntré, “Wengi ieu, anjeun ulah kulem dina Kasur anjeun dugikeun ka énjing-énjing.” (Hr. Ibnu Hisyam vol. 1 kaca. 482, kalih Zaadul Ma’aad vol. 2 kaca. 52)

Wangkid harita kénéh, Nabi Saw. nepangan Abu Bakar ra. pikeun ngagunem caturkeun stratégi anu baris dilaksanakeun salami ngaléngkah hijrah. ‘Aisyah ra. nguningakeun, “Wanci siang harita, nalika abdi sadaya nuju calik nyalsé di padumukan Abu Bakar, saurang di antawis kulawargi abdi sadaya ninggali kasumpingan Rosululloh Saw., mangka anjeuna sasanggem ka Abu Bakar, ‘Rosululloh Saw. sumping bari nutupan sapalih tina salirana dina wanci anu henteu biasa anjeuna nepangan abdi sadaya’. Abu Bakar sasanggem, ‘Sawios nyawa pun bapa kalih pun biang anu janten tebusan, demi Alloh, anjeuna moal mungkin sumping dina wanci sapertos kieu iwalti alatan aya hiji perkara anu kalintang pentingna’.”

‘Aisyah ra. ngalajengkeun, “Rosululloh Saw. dugi bari neda widi pikeun lebet. Abu Bakar ngawidianana, mangka anjeuna lebet. Anjeuna ngandika, ‘Suhunkeun jalma-jalma anu araya di dieu pikeun kalaluar’. Abu Bakar ngawalon, ‘Aranjeuna sadaya téh kulawarga anjeun ogé, henteu sawios pun bapa janten tebusana, nun Rosululloh Saw.’ Rosululloh Saw. ngawaler, ‘Upanten kitu mah, keun wé’.” (Hr. al-Bukhari, 3905, Kitab al-Manaqib, Abu Dawud, 4083)

Saparantosna nyusun rencana kalih stratégi hijrah, Rosululloh Saw. mulih ka padumukana kalih ngantos dugikeun ka wanci wengi.

Di tempat lian, jalma-jalma anu ngalaksanakeun rencana Quraisy nyéépkeun wanci siang éta pikeun sasayogian sagala rupina anu diwegahkeun kanggo lumangsungna rencana aranjeuna anu énjing-énjing tadi parantos mupakat di gedong parlemen Quraisy, Darun Nadwah.

Aranjeuna mupakat, rencana kasebat baris dilaksanakeun saparantosna tengah wengi. Pikeun éta perkawis, aranjeuna neras jagi-jagi bari ngantosan tengah wengi. Namung, Alloh langkung kawasa kana sagala perkara. Anjeuna Swt. anu ngawasa sagala perkara anu di langit katut bumi. Anjeuna Swt. tiasa midamel naon baé. Anjeuna Swt. anu maparin panyalindungan kalih henteu aya anu tiasa norobos kana panyalindungan-Na. Alloh ngalaksanakeun naon perkara anu lajeng didugikeun ka Rosul-Na,

وَاِذْ يَمْكُرُ بِكَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا لِيُثْبِتُوْكَ اَوْ يَقْتُلُوْكَ اَوْ يُخْرِجُوْكَۗ وَيَمْكُرُوْنَ وَيَمْكُرُ اللّٰهُۗ وَاللّٰهُ خَيْرُ الْمٰكِرِيْنَ

“Jeung (sing inget) nalika jalma-jalma kapir ngatur tipu-dayana ka manéh supaya manéh ngaringkuk (di Mekkah), atawa maéhan manéh, atawa nundung manéh, maranéhna ngatur tipu-daya, tapi Alloh ngabales ku tipu-daya deui, lantaran Alloh téh pangalus-alusna anu males tipu-daya.” (Qs. Al-Anfal [8]: 30)

Sok sanaos tatahar Quraisy pikeun ngalaksanakeun pamaksadanna kawilang kalintang sampurna, namung aranjeuna gagal kacida. Majeng tengah wengi, Rosululloh Saw. ngandika ka Ali bin Abu Tholib ra., “Dug anjeun kulem dina Kasur kaula. Geura anggo kaén hadromaut kelir héjo anu biasa dianggo ku kaula ieu sarta prak kulem ngagunakeunana. Sayaktosna aranjeuna moal tiasa nyilakakeun anjeun.” Rosululloh Saw. sok nganggo kaén éta nalika kulem. (Ibnu Hisyam, vol. 1 kaca. 483)

Saparantosna kitu, Rosululloh Saw. kaluar ti padumukanana bari ngalangkungan jalma-jalma Quraisy anu nuju jagi-jagi. Anjeuna nyandak sakeupeul kebul keusik lajeng diawurkeun dina luhureun mastaka aranjeuna. Alloh parantos nutup panénjo aranjeuna dugikeun ka henteu tiasa ninggali Nabi Saw. bari ngawurkeun kebul keusik, Rosululloh Saw. maoskeun ayat al-Qur’an,

وَجَعَلْنَا مِنْۢ بَيْنِ اَيْدِيْهِمْ سَدًّا وَّمِنْ خَلْفِهِمْ سَدًّا فَاَغْشَيْنٰهُمْ فَهُمْ لَا يُبْصِرُوْنَ

“Jeung Kami ngayakeun lalangsé di hareupeun jeung di tukangeun maranéhna, tuluy ku Kami dilalangséan panénjona, nepi ka maranéhna henteu barisaeun nénjo.” (Qs. Yasin [36]: 9)

Saparantosna ngawurkeun kebul keusik dina luhureun mastaka sadaya jalmi anu aya di dinya, Rosululloh Saw. gura-giru nepangan padumukan Abu Bakar. Salajengna wengi éta ogé, aranjeuna duaan kaluar tina panto pengker padumukan Abu Bakar sarta ngalengkah dugikeun ka guha Tsur anu aya di jajalaneun ka Yaman. (Hr. Ibnu Sa’ad)

Jalma-jalma Quraisy anu ngurilingan padumukan Rosululloh Saw. teras ngantos wangkid tengah wengi. Sababaraha waktos majeng ka tengah wengi, gagal jeung kuciwa ngawitan nembrak nyampeurkeun aranjeuna. Wangkid harita, sumping saurang pameget Quraisy anu henteu ngiring ilu biung sareng aranjeuna. Anjeuna ninggali jalma-jalma anu ngurilingan éta kempel caket panto padumukan Rosululloh Saw., mangka anjeuna tumaros, “Saha anu ku aranjeun nuju diantosan?” aranjeuna ngawaler, “Tinangtos Muhammad.” Anjeuna ngalajengkeun, “Aranjeun parantos gagal. Demi Allah, Muhammad parantos angkat ngalangkungan aranjeun bari ngawurkeun kebul keusik kana mastaka aranjeun.” Éta jalma ujug-ujug angkat bari henteu maliré aranjeuna anu silih pelong bangun henteu percanten. Aranjeuna sasanggem, “Demi Allah, urang sadaya henteu ninggali anjeuna.” Lajeng, aranjeuna ngusap mastakana anu parantos pinuh ku kebul keusik, lajeng ngabersihanana.

Aranjeuna henteu acan percanten sagemblengna ku katerangan jalma tadi. Kumargi kitu, aranjeuna mastikeun ku marios ka lebet padumukan Rosululoh Saw. tina sela-sela anu aya dina panto. Soca aranjeuna ninggali saurang jalma anu nuju ngagolér anu saenyana mah éta téh Ali. Aranjeuna sasanggem, “Demi Alloh, ieu Muhammad. Anjeuna masih kulem dina kasurna bari nganggo kaén anu biasa dianggo nalika ngagolér.”

Kulantaran éta alesan, aranjeuna tetep calik di payuneun panto dugikeun ka wanci énjing-énjing. Wangkid harita, Ali gugah tina Kasur bari maksad kaluar. Jalma-jalma anu ngurilingana gura-giru ngagerendengna. Aranjeuna leres-leres reuwas jeung énggal narosan Ali ngeunaan kaayaan Rosululloh Saw. Ali mung ngawaler, “Sim kuring henteu uninga.” (Ibnu Hisyam vol. 1 kaca. 483, kalih Zaadul Ma’aad vol. 2 kaca. 236)

Rosululloh Saw. kalih Abu Bakar ra. linggih di lebet guha Tsur salami tilu dinten tilu wengi, nyaéta ti kawit wengi Juma’ah dugikeun ka wengi Ahad. (Fathul Bari, vol. 7, kaca. 336)

Salami éta, murangkalih Abu Bakar anu wastana Abdullah ngiring ngawengi sareung aranjeuna.

Aisyah ra. nguningakeun, “Wangkid harita, Abdullah teh saurang pamuda anu pinter tur calakan. Anjeuna turun ti guha mangsa majeung ka enjing-enjing sarta harita keneh dugi di Makkah antukna jalma-jalma Quraisy nyangki anjeuna kuleum di Makkah. Abdullah ngadangukeun sadaya obrolan Quraisy ngenaan rencana aranjeuna pikeun ngudag kalih mendakan Nabi saw. jeung Abu Bakar ra., lajeung nalika dinten parantos poek anjeuna rereunceupan sumping ka guha Tsur pikeun nepangan anjeuna duaan. Samentawis kitu, Amir Bin Fuhairoh, badega Abu Bakar, keur ngangon sawatara domba di sakurilingeun tempat nyumput anjeuna duaan. Manehna ngabringkeun dombana ka paleubah guha nalika peuting beuki poek saparantosna wanci isya. Antukna Rasulullah saw. kalih Abu Bakar ra. tiasa nginum ci susuna. Saparantosna rengse Amir Bin Fuhairoh, nyalukan domba-dombana bari dibawa mulang.  Éta perkawis dipilampah ku anjeuna unggal wengi salami aranjeuna duaan aya di dinya. ‘Amir bin Fuhairoh ngabringkeun dombana di jajalanan anu dilangkungan ku Abdullah bin Abu Bakar maksad ka Makkah pikeun mupus tapak sampéanana. (Ibnu Hisyam, 1: 486)

Di tempat anu lian, nalika Quraisy uninga réhna Rosululloh Saw. parantos lolos tina paningkeran aranjeuna énjing-énjing harita, aranjeuna ambek sarta henteu tiasa nyumputkeun kakuciwaanna. Léngkah kahiji anu ku aranjeuna dipilampah nyaéta nengker Ali bin Abu Tholib, lajeng ngagusurna ka Ka’bah bari ngaborongkolna sababaraha waktos ku harepan tiasa ngorék katerangan ngeunaan kaayaan Nabi Saw. kalih Abu Bakar ra. (Rahmatan lil ‘Aalamiin, 1: 96)

Kumargi henteu tiasa ngorék katerangan nanaon ti Ali, aranjeuna gura-giru angkat ka padumukan Abu Bakar bari ngagedor panto. Asma’ binti Abu Bakar saénggalna muka panto. Aranjeuna tumaros, “Mana tuang rama?” Asma’ ngawalon, “Demi Allah, sim kuring henteu uninga di manten pun bapa.” Nampi waleran kitu, Abu Jahal anu katelah haranga bari galak énggal nampiling pameunteu Asma’ dugikeun ka antingna coplok. (Ibnu Hisyam, vol 1, kaca 487)

Wangkid harita kénéh, énggal Quraisy ngayakeun sidang singket, lajeng mutuskeun pikeun ngagunakeun sadayana anu aya anu sakintena tiasa digunakeun pikeun néwak dua inohong anu aranjeuna gaduh angkeuhan duanana sabab kakacowan di Makkah. Aranjeuna midamel jagi-jagi anu kalintang ketatna di sajajalaneun anu bade ka Makkah. Aranjeuna ogé mupakat baris maparin hadiah 100 onta pikeun saha baé anu tiasa néwak salah saurangna ti dua inohong anu pangdipilarina ku aranjeuna wangkid harita sarta nyandakna ka Quraisy boh dina kaayaan hirup atanapi maot. (Hr. al-Bukhori, 3906, kitab al-Manaaqib, bab “Hijrotun Nabi Saw. wa Ash-haabih”, kalih Ahmad, 17641, 4: 175)

Ngadangu éta perkawis, jalma-jalma anu calakan numpak kudana, para satria kalih ahli malarian tapak paheula-heula malarian. Aranjeuna gerak maluruh unggal gunung jeung léngkob bari paburencay, namun hasilna tetep manghandeueulkeun. Saleresna, anu pada-pada malarian kantos dugi di payuneun panto guha Tsur, namung Alloh Swt. langkung kawasa pikeun nyalindungan ‘abid-‘abid-Na.

Imam Bukhori ngariwayatkeun ti Anas ra. réhna Abu Bakar ra. sasanggem, “Wangkid harita sim kuring nyarengan Nabi Saw. di jero guha, sim kuring ngangkat mastaka ka palih luhur. Ujug-ujug katawis sampéan-sampéan urang Quraisy. Mangka, sim kuring sasanggem, ‘Nun Nabi Alloh, lamun mah saurang ti antawis aranjeuna nungkulkeun mastakana ka handap, pinasti anjeuna baris tiasa ninggali urang duaan.’ Rosululloh Saw. ngawalon, ‘Masing tengtrem anjeun, hé Abu Bakar. Naon anu ku anjeun dilelebah ngeunaan nasib dua jalma, samentawis anu katiluna Alloh?’.” (Hr. Muttafaq ‘Alaih)

Kajantenan éta mangrupikeun mu’jizat anu ditamplokkeun ku Alloh ka Nabi Saw., alatan jalma-jalma Quraisy éta ogé maruling ngarantunkeun guha padahal mah jarak aranjeuna jeung duanana kantun sababaraha léngkah deui.

Operasi milari kalih ngungudag lami kalamian nyirorot, léngkah patrol lirén, sarta kaambek Quraisy rada suda saparantosna tilu dinten gagal mendakan jalma anu pangdipilarina. Nya wangkid harita Rosululloh Saw. tatahar kaluar tina guha jeung ngalajengkeun lalakona ka Madinah.

Sateuacan angkat, Asma’ binti Abu Bakar ra. sumping bari nyandak bekel tuangeun. Hawatos téh, anjeuna hilap nyandak kakait wadah anu dianggo pikeun nyimpen bekelna. Kumargi kitu, nalika Rosululloh Saw. kalih ramana bade angkat, Asma’ ngeureut salendangna janten dua, sakeureut pikeun meungkeut wadah tuangeun jeung sakeureut deui dianggo deui. Alatan kajantenan ieu, Asma’ kakoncara ku landihan Dzaatun Nithooqoin (anu kagungan dua saléndang). (Hr. al-Bukhori, 3905, kitab al-Manaaqib, bab “Hijrotun Nabi Saw. wa ash-Haabih”, sarta Ibnu Hisyam, 1: 486)

Dina dinten Sénén, 8 Rabi’ul Awwal, taun ka-14 kanabian, anu salajengna baris resmi janten taun kahiji Hijriah anu mokprok sareng ping 23 September 622 M., Rosululloh Saw. sumping di daerah Quba. (Rahmatan lil ‘Aalamiin, 1: 102)

‘Urwah bin Zubér nguningakeun, “Kaom muslimin anu parantos aya di Madinah ngadangu iber yén Rosululloh Saw. parantos ngantunkeun Makkah. Kumargi kitu, unggal dinten aranjeuna angkat ka wewengkon Harroh pikeun ngawilujengkeun kasumpinganana. Aranjeuna tetep ngantosan di ditu dugikeun ka wanci beurang. Dina hiji dinten, aranjeuna uih deui ka Harroh saparantosna lami ngantosan sarta ngawitan rinéh di lebet padumukan séwang-séwangan. Nya wangkid harita saurang Yahudi naék kana hateup imahna pikeun hiji kaperyogian. Ujug-ujug socana ninggali Rosululloh Saw. jeung anu nyararenganana ti katebihan bari ampir-ampiran katutupan fatamorgana. Jalma Yahudi éta henteu tiasa nahan dirina, mangka anjeuna ngagorowok satarikna, ‘Yeuh jalma-jalma Arab, inohong anu ku aranjeun diantos-antos parantos sumping’. Ngadangu panggorowok éta, kaom muslimin gura-giru nyandak pakarang aranjeuna pikeun taki-taki tina sagala kamungkinan.” (Hr. al-Bukhari, 3906, kitab al-Manaaqib)

Ibnul Qoyyim sasanggem, “Nya kadangu gegeroan takbir di sabudeureun lembur ‘Amr bin ‘Auf. Kaom muslimin ngagemakeun takbir alatan bagéa ku kasumpingan Rosululloh Saw. Aranjeuna gura-giru kaluar padumukan pikeun ngawilujengkeuna sarta ngedalkeun salam ka anjeuna. Lajeng, aranjeuna ngurilingan anjeuna babarengan. Kaayaan tengtrem kalih khusyu’ ngalimpudan aranjeuna, nya turun wahyu ti Alloh Swt.,

...فَاِنَّ اللّٰهَ هُوَ مَوْلٰىهُ وَجِبْرِيْلُ وَصَالِحُ الْمُؤْمِنِيْنَۚ وَالْمَلٰۤىِٕكَةُ بَعْدَ ذٰلِكَ ظَهِيْرٌ.

‘Anjeuna (Alloh) nu nulunganana katut Jibril jeung mu’minin nu saroléh, jeung jaba ti éta malaikat nu nulunganana’. Qs. At-Tahrim [66]: 4.

Wangkid harita, unggal pangeusi Madinah parantos taki-taki ngawilujengkeun kasumpingan anjeuna, antukna kaayaan dinten harita karaos ramé. Madinah henteu acan kantos ngalaman kaayaan sapertos sejarahna. Jalma-jalma Yahudi nyakséni benerna iber anu kantos didugikeun ku Nabi Habquq, ‘Sayaktosna Alloh nyumpingkeun Taiman kalih Quddus (Jibril) ti gunung Faron (Makkah)’.” (Shohiiafah Habquuq, 3: 3)

Saparantosna ngalaksanakeun sholat Jum’at, Rosululloh Saw. lebet ka dayeuh Madinah. Ti wangkid harita, nami kota nu kawitna katelah Yatsrib digentos janten dayeuh Madinah Rosululloh Saw. Di ditu, Rosululloh Saw. linggih samentawis di padumukan Abu Ayyub al-Anshoriy.

Anas ra. ngariwayatkeun réhna wangkid harita Nabi Saw. mariksa, “Saha anu padumukanana pangcaketna ti dieu?” Abu Ayyub ngawalon, “Sim kuring, nun Rosululloh Saw. ieu rorompok sarta ieu pantona.” Rosululloh Saw. ngandika, “Upama kitu, jung geura tatahar kalih neda disayogikeun tempat rinéh kaula duaan.” Saréngséna, Abu Ayyub nepangan anjeuna jeung Abu Bakar bari pokna, “Mangga lebet, mugia Alloh maparinan barokah.” (Hr. al-Bukhori, 3911, al-Manaaqib)

Sababaraha dinten salajengna, nya sumping garwa Nabi Saw. Saodah kalih marurangkalih Nabi Saw., Fatimah kalih Ummu Kultsum, ‘Usamah bin Zaid, ogé Ummu Aiman. Aranjeuna dipingpin ku Abdullah bin Abu Bakar anu ngaringkid sadaya kulawargi Abu Bakar, kalebet ‘Aisyah. Samentawis Zainab binti Rosululloh Saw. tetep aya di Makkah sareng carogéna, Abul ‘Ash. Abul ‘Ash henteu ngawidian hijrah saparantosna Perang Badar. (Zaadul Ma’aad, vol. 2, kaca. 55)

‘Aisyah ra. nguningakeun, “Saparantosna Rosululloh Saw. tumetep di Madinah, Abu Bakar kalih Bilal kasawat panyawat muriang anu kacida. Sim kuring ngalayad aranjeuna duaan bari tumaros, ‘Apa, kumaha kaayaan anjeun? Bilal, kumaha kaayaan anjeun?’ upama muriang diraos beuki abot, Abu Bakar sok ngagerendeng, ‘Unggal jalma ngamimitian énjing-énjingna nyarengan kulawargina, padahal mah maot langkung caket tina tungtung tarumpahna’.

Anapon Bilal, upama muriangna rada lirén, anjeuna sok ngedalkeun kasonona ka Makkah dina sajakna,

Duh, mungkin henteu hiji wengi jaga kuring baris kulem deui

Di léngkob anu dikurilingan tangkal idzkir jeung jalil

Mungkin henteu hiji dinten jaga kuring baris ngaleueut deui

Tina nyi nyusu mijannah bari neuteup gunung Syamah jeung Thofil.

 

‘Aisyah ra. sasanggem, ‘Ninggal kaayaan aranjeuna sapertos kitu, sim kuring laporan ka Rosululloh Saw., mangka anjeuna ngandika: Ya Alloh, mugia dijantenkeun abdi sadaya mikacinta Madinah sakumaha abdi sadaya mikacinta Makkah, atanapi langkung ti éta. Mugia dijantenkeun Madinah dayeuh anu séhat, paparinan barokah dina sho’ kalih mudd-na (tatanén) sarta alihkeun muriangna ka wewengkon Juhfah’.” (Hr. Muttafaq ‘Alaih: Bukhori, 1889; Muslim: 1376)

 

NGAHONTAL KABAGJAAN ANU SAMPURNA

Kaom muslimin mulih ti Perang Badar bari nyandak kaunggulan anu rohaka ku pitulung ti Alloh Swt., antukna karaos kabagjaan ngalimpudan manah Nabi Saw. kalih para shohabat. Saparantosna sasih Romadlon réngsé, nya sumping sasih Syawwal anu nambih-nambih kabagéaan aranjeuna, alatan Nabi Saw. ngawitan sapadumukan sareng ‘Aisyah ra. Kaom muslimin pantes bagéa ku kajantenan éta alatan sagemblengna ‘Aisyah ra. parantos janten garwa manusa anu pangagungna salamina sarta indung ti unggal jalma anu ariman. Ieu mangrupikeun kamulyaan pikeun ‘Aisyah ra. anu henteu tiasa dibandingkeun sareng dunya katut eusina.

Dina dintenan anu bagéa éta, para shohabat kempel di padumukan Abu Bakar ra. kalawan pameunteu anu marahmay kalih paraosan anu gumbira. Pikeun uninga lalakon kajantenan ieu sacéréwéléna, keun biang urang sadaya (‘Aisyah ra.) anu nguningakeunana,

“Rosululloh nga-akad-an nalika yuswa sim kuring 6 taun. Nalika sumping di Madinah, sim kuring duaan linggih di wewengkon Bani al-Harits bin Khozroj. Sim kuring kantos muriang dugikeun ka rambut reksak. Nalika rambut sim kuring ngawitan saé deui, pun biang, Ummu Ruman nepangan. Wangkid harita, sim kuring nuju amengan jeung marurangkalih sayuswa dina luhureun kai. Pun biang ngagero nya sim kuring gura-giru nepanganana. Sim kuring henteu uninga maksadna nyauran. Pun biang gura-giru nyepeng panangan sim kuring dicandak wangsul ka rorompok. Dugi di payuneun panto, rénghap sim kuring masih engap-engapan. Sim kuring diantep istirahat sakedap dugikeun ka biasa deui. Lajeng, pun biang nyandak cai pikeun meresihan pameunteu kalih mastaka sim kuring lajeng dicandak lebet ka rorompok. Sing horéng, di lebet rorompok parantos ngempel sababaraha istri kaom Anshor anu gura-giru ngawilujengkeun, ‘Mugia kasaéan kalih kabarokahan nyarengan anjeun.’ Pun biang masrahkeun sim kuring ka aranjeuna pikeun digeulisan. Dugi danget harita sim kuring henteu acan sadar naon anu saleresna nuju kajantenan dugikeun ka nalika sumping waktos dluha sim kuring direuwaskeun ku kasumpingan Rosululloh Saw. Ninggali kasumpingan anjeuna, istri-istri kaom Anshor arangkat sarta ngantepkeun sim kuring sareng anjeuna. Wangkid harita yuswa sim kuring 9 taun.” (Hr. al-Bukhori, 3894; Muslim, 1322)

HIJI-HIJINA GEUREUHA NABI SAW. ANU DITIKAH MASIH PARAWAN

‘Aisyah ra. sasanggem, “Sim kuring tumaros ka Rosululloh Saw., ‘Nun Rosululloh, kumaha kamandang anjeun, upama anjeun nyandak ingon-ingon kalih sumping di hiji léngkob anu dijerona aya tangkal anu dangdaunanna parantos dihakan jeung aya tangkal anu dangdaunanna henteu acan dihakan, tangkal anu mana anu ku anjeun baris dipilih pikeun hakaneun ingon-ingon anjeun?’ Rosululloh Saw. ngawalon, ‘Dina tangkal anu dangdaunanna henteu dihakan.’ Maksadna, Rosululloh Saw. henteu nga-akad-an parawan iwal ti ‘Aisyah.(Hr. al-Bukhori, 5077, kitab an-Nikaah)

Nya kitu lalakon ‘Aisyah ra. lebet kana kahirupan rumah tanggi nyarengan Rosululloh Saw. sarta linggih di padumukan anu pangsaéna di saalam dunya ieu, sok sanaos wujudna kalintang pisan basajan, alatan mung hiji rohangan alit, namung pangeusina téh manusa anu dikiatan ku wahyu ti langit. Padumukan éta henteu pisan dilengkepan ku parabot dunyawi anu pinasti reksak, namung anu kagunganana nyalabarkeun ambeu anu seungit al-Qur’an kalih Sunnah di sakumna eusi bumi. Antukna, pituduh anu dipaparinkeun ku Alloh ka ‘abid-‘abid-Na anu dipikarep kawitna ti rohangan alit ieu.

Indung urang sadaya, ‘Aisyah ra. linggih nyarengan Nabi Saw., manéhna nyiuk pangajaran akhlaq, élmu, basajan, kasabaran kalih pituduh ti anjeuna, antukna henteu anéh upama salajengna manéhna janten srangéngé anu nyaangan kahirupan manusa anu salawasna diwegahkeun ku saha waé. Wallaahu A'lam, Dicutat tina Shohaabiyyaat Haulir Rosuul, seratan Syaikh Mahmud al-Mishri; judul kalih alih basa ku Hanafi Anshory. 

Post a Comment

Terima kasih telah berkomentar, kritik dan saran yang membangun sangatlah diharapkan

Lebih baru Lebih lama